Friday, November 12, 2021

Nahwu Praktis ku Bahasa Sunda; Tabi'

 

التابع

Tabi’(Lafazh anu Anut)

·      Tabi’ teh aya opat: 1. Na’at (sifat), 2. Athof (sambungan), 3. Taukid (panguat), 4. Badal (pangganti)

·      Sadayana tabi’anut kana i’rob lafazh anu dianutna boh rofa’, nashob, jar, atawa jazm

·      Athof mung lumaku dina kalimah isim, badal seuseueurna dina kalimah isim, sedengkeun athof sareng taukid lumaku dina kalimah isim jeung fi’il

Na’at (النعت)

·      Naat teh sifat, logatna anu, sedengkeun rumusna (ص)

·      Salian dina i’robna na’at oge kudu akur jeung man’utna (anu disifatanana) dina 1. Ma’rifat/ Nakiroh, 2. Mufrod/ tatsniyah/ jama’, 3. Mudzakkar/ muannats, contohna

جَاءَتْ الْمَرْءَةُ الْمَاهِرَةُ

جَاءَتْ مَرْءَتَانِ مَاهِرَتَانِ

جَاءَتْ نِسْوَةٌ مَاهِرَاتٌ

جَاءَ رَجُلٌ مَاهِرٌ

جَاءَ الرَّجُلَانِ الْمَاهِرَانِ

جَاءَ الرِّجَالُ الْمَاهِرَاتُ

Athof (العطف)

·      Athof teh sambungan lafazh sateu acana ku pelantara huruf athof

·      Huruf-huruf athof diantarana أو,ثم ,و. Contohna:

وَأَنْ لَا تَسْبِقَهَا وَلَا تُقَارِنَهَا جُمْعَةٌ

اِذَا تَغَيَّرَ طَعْمُهُ أَوْ رِيحُهُ أَوْ لَوْنُهُ

أَسْبَابُ التَّيَمُّمِ ثَلَاثَةٌ فَقْدُ الْمَاءِ وَالْمَرَضِ

الْاِتْيَانُ بِالنِّيَّةِ مَعَ التَّكْبِيرِ ثُمَّ الْفَاتِحَةِ

Badal (البدل)

·      Badal teh pangganti, logatna nyaeta, sedengkeun rumusna (بد)

·      Badal seueur lumaku dina rincian, contohna:

شُرُوطُ الْقَصْرِ سَبْعَةٌ أَنْ يَكُونَ سَفَرُهُ مَرْحَلَتَيْنِ

أَعْذَارُ الصَّلَاةِ اثْنَانِ النَّوْمُ وَالنِّسْيَانُ

Taukid (التوكيد)

·      Taukid teh panguat, logatna tegesna, rumusna (اي)

·      Taukid dina kalimah isim seueurna ngangge lafazh  أجمعين, contohna:

وَاَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِينَ

Nahwu Praktis ku Bahasa Sunda; Komponen Panambah dina Kalam (Fadhlah)

 

فضلة الكلام

KOMPONEN PANAMBAH DINA KALAM

 

Jar Majrur (الجار والمجرور)

·      Jar majrur teh susunan huruf jar jeung kalimat anu dijarkeunana

·      Huruf-huruf jar:

Huruf Jar

Logat

Rumus

Contoh

بِ

Kalawan

مط

لَاحَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللهِ

Sabab

س

يَجِبُ صَوْمُ رَمَضَانَ بِأَحَدِ أُمُورٍ خَمْسَةٍ

عَلَى

Ka/ kana/ luhureun

-

أَنْ يَسْجُدَ عَلَى سَبْعَةِ أَعْضَاءٍ

لِ

Pikeun/ kagungan

ك

وَالْمَكْرُوهَةُ هِيَ لِمَنْ يَغْسِلُ أَعْضَاءَهُ

Karna

ع

أُصَلِّي فَرْضَ الظُّهْرِ لِلّهِ تَعَالَى

Ka/ kana

-

يَجِبُ مَعَ الْقَضَاءِ لِلصَّوْمِ الْكَفَارَةُ الْعُظْمَى

فِي

Di/ dina

ظ

وَقَعَ فِي الْقَلْبِ صِدْقُهُ

مِنْ

Ti/ tina

-

مَسْحُ شَيْءٍ مِنَ الرَّأْسِ

عَنْ

Ti/ tina

-

وَالنَّقَاءُ عَنِ الْحَيْضِ وَالنِّفَاسِ

كَ

Cara/ saperti

-

كَمَنْ أَخَّرَ قَضَاءَ رَمَضَانَ

·      Huruf   كَ ,لِ ,بِnulisna digabungkeun kana kalimat saatosna

·      Huruf   عَنْ ,مِنْ ,فِي ,عَلَى seueurna dipisang sareng kalimat saatosna

·      Huruf عَنْ ,مِنْ ,فِي ,عَلَى upami kalimat saatosna isim dhomir nulisna digabungkeun, contoh:عَنْهُ, مِنْهُ, فِيهِ, عَلَيْهِ

·      Huruf عَنْ ,مِنْ ,فِي pami kalimat saatosna  مَنْjeung  مَاnulisna digabung,contoh:عَمَّا, عَمَّنْ, مِمَّا, مِمَّنْ, فِيمَا, فِيمَنْ

·      Huruf  لِpami kalimat saatosna isim dhomir harokatna difathahkeun, contoh:لَنَا, لَهُ, لَكَ

Maf’ul Bih (المفعول به)

·      Maf’ul bih teh objek/ nu kekenaan pagawean.

·      Maf’ul bih i’robna nashob, logatna kana, rumusna (مف)

·      Maf’ul bih bisa rupa isim zhohir, isim dhomir atawa kalimah fi’il anu katerapan أن, contohna وَأَنْ يَسْمَعَهَا أَرْبَعُونَ , وَأَنْ يَنْقَي الْمَحَلَّ :

نَسْأَلُ اللهَ أَنْ يُخْرِجَنِي مِنَ الدُّنْيَا مُسْلِمًا

 

 

Zhorof (الظرف)

·      Zhorof teh keterangan tempat atawa waktu

·      Zhofor i’robna nashob, logatna di atawa dina, rumusna (ظ)

·      Contoh zhorof: إِنْ لَمْ تُسْتَرْ حَالًا, السَّادِسُ الدُّعَاءُ لِلْمَيِّتِ بَعْدَ الثَّالِثَةِ

Tamyiz (التمييز)

·      Tamyiz teh isim anu ngajelaskeun zat (benda/ jalma) anu masih samar

·      Tamyiz i’robna nashob, logatna naonana, rumusna(تم)

·      Seueurna tamyiz tumiba saba’da angka 11- saterusna

·      Contoh tamyiz: تَبْطُلُ الصَّلَاةُ بِأَرْبَعَ عَشْرَةَ خَصْلَةً  وَغَالِبُهُ أَرْبَعُونَ يَوْمًا,

Maf’ul Muthlaq (المفعول المطلق)

·      Maf’ul Muthlaq teh keterangan cara

·      Maf’ul Muthlaq i’robna nashob, logatna kalawan (dengan/secara), rumusna (مط)

·      Contohna Maf’ul Muthlaq:

وَالنُّطْقُ بِحَرْفَيْنِ أَوْ حَرْفٍ مُفْهِمٍ عَمْدًا، وَأَنْ يَصُبَّ الْمَاءَ عَلَيْهِ ثَلَاثًا

Hal (الحال)

·      Hal teh keterangan tingkah/ kaayaan

·      Hal i’robna nashob, logatna halna (bari), rumusna (حا)

·      Contoh hal مِنَ اللهِ تَعَالَى, ذَهَبْتُ اِلَى الْمَدْرَسَةِ مَاشِيًا :

 

Maf’ul li Ajlih (مفعول لأجله)

·      Maf’ul li ajlih teh keterangan alesan atawa tujuan

·      Maf’ul li ajlih i’robna nashob, logatna karana (karena/supaya), rumusna (ع)

·      Contohna: صَلَّيْتُ طَلَبًا لِرِضَا اللهِ

 

Nahwu Praktik ku Bahasa Sunda; KOmponen Utama Kalam (Umdah)

 

عمدة الكلام

KOMPONEN UTAMA TINA KALAM (CARITAAN)

Pembagian Jumlah (تقسيم الجملة)

·      Jumlah teh gabungan antara subjek jeung predikat

·      Ari jumlah teh kabagi dua:

1.      Jumlah ismiyah, nyaeta jumlah anu dimimitian ku kalimah isim

2.      Jumlah fi’liyah, nyaeta jumlah anu dimimitian ku kalimah fi’il

Mubtada` jeung khobar (المبتدأ والخبر)

·      Mubtada` teh subjek dina jumlah ismiah, sedengkeun khobar teh predikatna

·      Mubtada` logatna ari, rumusna (م). Sedengkeun khobar logatna eta rumusna (خ)

·      Mubtada` jeung khobar i’robna rofa, ciri rofa’na saluyu jeung jenis mu’robna.

·      Khobar aya anu tina isim, aya anu tina fi’il + fail, aya anu tina jar + majrur/ zhorof. Contohna :

أَحَدُهَا بِكَمَالِ شَعْبَانَ, زَيْدٌ يَقُومُ, أَرْكَانُ الْإِسْلَامِ خَمْسَةٌ

·      Mubtada jeung khobar kudu akur dina mufrod/tatsniah/jama’na, jeung mudzakkar/ muannatsna, contohna:

الرَّجُلُ مَاهِرٌ, الرَّجُلَانِ مَاهِرَانِ, الرِّجَالُ مَاهِرُونَ

الْمَرْأَةُ مَاهِرَةٌ, الْمَرْأَتَانِ مَاهِرَتَانِ, النِّسَاءُ مَاهِرَاتٌ

Isim jeung Khobar إنّ/ أنّ (saenyana)

·       أَنَّ/إِنَّNgabutuhkeun kana isim jeung khobar

·      Hamzahna difathahkeun lamun jadi khobar, maf’ul bih, mudhof ilaih, atawa katerapan huruf jar

·      Isimna  أَنَّ/إِنَّhukumna nashob sedengkeun khobarna rofa’. Contohna:

شَهَادَةُ أَنْ لَاإِلَهَ إِلَّااللهُ وَأَنَّ مُحَمَّدًا رَسُولُ اللهِ

Isim jeung Khobarna لا Nafiyah lil Jinsi (teu aya)

·       " لا "Ngabutuhkeun kana isim jeung khobar

·      Isimna dinashobkeun teu make tanwin sedengkeun khobarna dirofa’keun

·      Khobarna bisa zhohir (jelas) bisa oge dikira-kirakeun. Contohna:

 لَا اِلَهَ اِلَّا اللهُ ,اَلَّتِي لَا لَوْنَ لَهَا

Fi’il jeung Fa’il (الفعل والفاعل)

·      Fi’il teh predikat dina jumlah fi’liyah, sedengkeun faíl teh subjekna

·      Fa’il i’robna rofa’, logatna saha/naon rumusna (ف)

·      Fa’il kabagi dua: 1. Fa’il isim zhohir 2. Fail isim dhomir

·      Fa’il isim zhohir teh lamun fi’ilna mufrod ghoib/ ghoibah

 (فَعَلَ, فَعَلَتْ, يَفْعُلُ, تَفْعُلُ)

·      Fa’il isim zhohir kudu akur jeung fi’ilna dina muannats mudzakkarna. Contohna:

جَاءَ الْمُسْلِمُ, يَجِيءُ الْمُسْلِمُونَ, جَاءَتِ الْمُسْلِمَةُ, جَاءَتِ الْمُسْلِمَاتُ

·      Fa’il isim dhomir:

Fi’il Madhi

Fi’il Mudhori’

Logat

الْمُسْلِمُ جَاءَ

الْمُسْلِمُ يَجِيءُ

Datang saurang muslim

الْمُسْلِمَانِ جَاءَا

الْمُسْلِمَانِ يَجِيئَانِ

Datang dua urang muslim

الْمُسْلِمُونَ جَاءُوا

الْمُسْلِمُونَ يَجِيئُونَ

Datang urang-urang muslim

الْمُسْلِمَةُ جَاءَتْ

الْمُسْلِمَةُ تَجِيءُ

Datang saurang muslimah

الْمُسْلِمَتَانِ جَاءَتَا

الْمُسْلِمَتَانِ تَجِيئَانِ

Datang dua urang muslimah

الْمُسْلِمَاتُ جِئْنَ

الْمُسْلِمَاتُ يَجِئْنَ

Datang urang-urang muslimah

جِئْتَ

تَجِيءُ

Datang anjeun lalaki

جِئْتُمَا

تَجِيئَانِ

Datang anjeun lalaki duaan

جِئْتُمْ

تَجِيئُونَ

Datang aranjeun lalaki

جِئْتِ

تَجِيئِينَ

Datang anjeun awewe

جِئْتُمَا

تَجِيئَانِ

Datang anjeun awewe duaan

جِئْتُنَّ

تَجِئْنَ

Datang aranjeun awewe

جِئْتُ

أَجِيءُ

Datang kuring

جِئْنَا

نَجِيءُ

Datang urang sadaya

·      Dhomir Ghoib/ Ghoibah (no. 1-6) butuh marji` (tempat balik) anu akur dina mufrod/ tatsniyah/ jama’na jeung muannats/ mudzakkarna. Contoh:

عِنْدَ طُلُوعِ الشَّمْسِ حَتَّى تَرْتَفِعَ , وَصَلَّى اللهُ وَسَلَّمَ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ 

Fi’il jeung Naibul Fa’il (الفعل ونائب الفاعل)

·      Hukum fi’il + naibul fa’il sami sareng fi’il + fail. Bentena subjek disebut fa’il lamun fi’ilna mambi ma’lum (aktif) contoh: رَأَى زَيْدٌ عَمْرًا, subjek disebut naibul fa’il lamun fi’ilna mabni majhul (pasif) contoh: رُأِيَ زَيْدٌ   

·      Fi’il mabni ma’lum lamun madhi didhommah huruf awalna dikasroh huruf samemeh akhirna, contohna: كُرِهَ السِّوَاكُ لِلصَّائِمِ. lamun mudhori’ didhommah huruf awalna difathah huruf samemeh akhirna, contohna:

يُنْبَشُ الْمَيِّتُ لِأَرْبَعِ خِصَالٍ

كان, Isim jeung Khobarna (كان واسمها وخبرها)

·      كان (aya) ngabutuhkeun kana isim jeung khobar

·      Isimna كان logatna saha/naon, khobarna logatna eta

·      Hukum كان jeung isimna sami sareng fi’il + fail

·      Isim كان i’robna rofa’, sedengkeun khobarna nashob. Contohna:

(وَثَانِيهَا) بِرُؤْيَةِ الْهِلَالِ فِي حَقِّ مَنْ رَآهُ وَاِنْ كَانَ فَاسِقًا

إِنْ كَانَتْ الصَّلَاةُ فَرْضًا وَجَبَ قَصْدُ الْفِعْلِ وَالتَّعْيِينُ وَالْفَرْضِيَّةُ

 

·      Fi’il Mudhori jeung Mashdar tina كان oge amalna sami, contohna:

وَاَنْ يَكُونَ التُّرَابُ طَاهِرًا, وَعِلْمٌ بِكَوْنِ الْوَقْتِ قَابِلًا لِلصَّوْمِ

·       Dulurna كان anu amalna sami nyaetaصَارَ ,لَيْسَ  , contohna:

وَمَا صَارَ حَيَوَانًا, تَحْرُمُ الصَّلَاةُ الَّتِي لَيْسَ لَهَا سَبَبٌ مُتَقَدِّمٌ وَلَا مُقَارِنٌ

IHRAM, PENGERTIAN DAN LARANGANNYA

  IHRAM, PENGERTIAN DAN LARANGANNYA   Assalamu ‘alaikum warahmatullahi wabarakatuh Sahabat-sahabat pembaca, calon jamaah haji yang All...