Thursday, March 5, 2015

Kitab Tajwid Basa Sunda Jeung Qaidah DOWNLOAD PDF

أَحْكَامُ النُّونِ السَّاكِنَةِ وَالتَّنْوِين
HUKUM-HUKUM NUN PAEH SARENG TANWIN (  نْ/ ــًــٍــٌـ  )
Hukum nun paeh sareng tanwin aya opat:
1. izhhar (إظهار), 2. idghom (إدغام), 3. iqlab (إقلاب), 4. ikhfa` (إخفاء)
* Qoidahna :
لِلنُّونِ إِنْ تَسْكُنْ وَلِلتَّنْوِينِ * أَرْبَعُ أَحْكَامٍ فَخُذْ تَبْيِينِي
Ari hukum nun paeh rejeung tanwin  *
 Aya opat hukum anu entos yakin
1.    Izhhar (jelas)
Nyaeta dimana-mana aya nun paeh mayunan salah sahiji huruf idzhar kudu maka di baca jelas. Hurufna aya 6 nyaeta :
a. أ  contona :مَنْ آمَنَ
b.هـ  contona :  أَنْهَارٌ
c. ع contona :مِنْ عِلْمٍ
d.ح  contona :عَزِيزٌ حَكِيمٌ
e. غ contona :مِنْ غِلٍّ
f. خ contohna: مَنْ خَافَ
* Qoidahna idzhar :
فَالْأَوَّلُ الْإِظْهَارُ قَبْلَ الْأَحْرُفِ * لِلْحَلْقِ سِتٌّ رُتِّبَتْ فَلْتَعْرِفِ
Nukahiji nyaeta idzhar ngarana  * 
hurufna teh ngan aya genep-genepna
* Qoidahna huruf idzhar :
هَمْزٌ فَهَاءٌ ثُمَّ عَيْنٌ حَاءٌ * مُهْمَلَتَيْنِ ثُمَّ غَيْنٌ خَاءٌ
Hiji hamzah dua Ha katilu ‘ain  *
 opat Ha kalima kho kagenepna ghin
2.    Idghom (ngasupkeun)
Ari idghom eta kabagi 2 : (a) Idghom bighunnah/ma’al gunnah (إدغام بغنة/ مع الغنة), (b) Idghom bilaghunnah (إدغام بلا غنة). Huruf idghom aya 6 nyaeta ي, ر, م, ل, و, ن  dikumpulkeun dina  pangucapيَرْمَـلُـوْنَ
* Qoidahna idghom
وَالثَّانِي إِدْغَامٌ بِسِتَّةٍ أَتَتْ * فِي يَرْمَلُونَ عِنْدَهُمْ قَدْ ثَبَتَتْ
 Nu kadua nyaeta idghom ngarana  *
 dina lafadz يَرْمَلُوْنَ nu kumpulna
a.    Idghom bi ghunnah/ maal ghunnah
Nyaeta ngasupkeun sora nun paeh/ tanwin kana salah sahiji huruf idghom bari make dengung. Huruf idghom bigunnah aya 4 nyaeta :(يَنْمُو) ي, ن, م, و
1). ي contohna: مَنْ يَقُولُ            
2). ن contohnaمِنْ نُورٍ :   
3). م contohna  مَاءٍ مَعِينٍ :
4). و contohna مِنْ وَلِيٍّ :
* Qoidahna idghom ma’al gunnah /bigunnah :
لَكِنَّهَا قِسْمَانِ قِسْمٌ يُدْغَمَا * فِيهِ بِغُنَّةٍ بِيَنْمُو عُلِمَا
Tapi idghom kabagi dua bagian  *
 disebut idghom bigunnah sabagian
b.    Idghom bilaa ghunnah
Nyaeta ngasupkeun sora Nun paeh/tanwin kana salah sahiji huruf idghom bilaa gunnah bari teu make dengung. Huruf idghom bilaa gunnah aya 2 nyaeta :
1)      ل contohna: مِنْ لَدُنْكَ
2) ر contohnaمِنْ رَبِّهِمْ :
                    
* Qoidahna idghom bilaa gunnah
وَالثَّانِي إِدْغَامٌ بِغَيْرِ غُنَّةْ * فِي اللَّامِ وَالرَّاءْ ثُمَّ كَرِّرَنَّهْ
Kaduana idghom nu teu make gunnah*
Di bacana teu ngahiung sing merenah
CATETAN
Lamun nun paeh nyanghareupan huruf-huruf idghom dina hiji kalimat maka kudu dibaca jelas nun paehna, ieu disebut izhhar wajib, dina Al Qur’an contohna aya opat:
 صِنْوَانٌ, قِنْوَانٌ, بُنْيَانٌ, دُنْيَا
3.    Iqlab (nukerkeun )
Nyaeta nukeurkeun sora nun paeh/ tanwin kan mim dimana-mana mayunan  ba`. Hurufna aya hiji nyaeta ba` (ب) ,contohna:مِنْ بَعْدِ
* Qoidahna iqlab :                                       
وَالثَّالِثُ الْإِقْلَابُ عِنْدَ الْبَاءِ * مِيمًا بِغُنَّةٍ مَعَ الْإِخْفَاءِ
Nu katilu nyaeta iqlab ngarana  * 
ganti Nun kana Mim dina sorana
4.    Ikhfa` (nyamarkeun)
Nyaeta dimana mana aya nun paeh / tanwin mayunan salah sahiji huruf ikhfa` maka dibaca samar. Huruf ikhfa` aya 15 nyaeta:
تَ, ثَ, جَ, دُ, ذٍ   #    زَ, سَ, شَ,صُ, ضٍ    #  
  طَ, ظَ, فَ, قُ, كٍ
* Qoidah ikhfa` :
وَالرَّابِعُ الْإِخْفَاءُ عِنْدَ الْفَاضِلِ * مِنَ الْحُرُوفِ وَاجِبٌ لِلْفَاضِل
Nu kaopat nyaeta ikhfa` ngarana  * 
tina huruf-huruf nu wajib punjulna
* Qoidahna jumlah huruf ikhfa` aya 15:
فِي خَمْسَةٍ مِنْ بَعْدِ عَشْرٍ رَمْزُهَا *
                        فِي كِلْمِ هَذَا الْبَيْتِ قَدْ ضَمَنْتُهَا
Dina lima belas anu dirumuskeun  * 
di kalimah ieu bet geus dikumpulkeun
* Qoidahna huruf-huruf ikhfa` anu 15:
صِفْ ذَا ثَنَا كَمْ جَادَ شَخْصٌ قَدْ سَمَا *
دُمْ طَيِّبًا زِدْ فِي تُقًى ضَعْ ظَالِمَا
Shod,dal,syin,kaf,jim,sin,qof,tsa dalapana *
dzal,ta,zay,fa,dho,dzo lima belasna
Ikhfa` kabagi 3 :
a.    Ikhfa` Aqrob (أقرب)
Nyaeta dimana-mana nun paeh/ tanwin mayunan huruf :
1) ت contohnaمَنْ تَابَ :              
2) ط contohnaمَنْ طَالَ :
3) د contohnaمِنْ دُونِ اللهِ :
b.    Ikhfa` Ab’ad (أبعد)
Nyaeta dimana-mana aya nun paeh mayunan huruf :
1) ق Contohna:مَنْ قَالَ                
2) ك Contohna:مَنْ كَانَ
c.    Ikhfa` Autsath (أوسط)
Nyaeta dimana-mana aya nun paeh mayunan huruf:
1)   ث  contohna قَوۡلًا ثَقِيلًا :
2)     جcontohna  فَصَبۡرٌ جَمِيلٌ :
3)      ذcontohna مَنۡ ذَا الَّذِي :
4)    ز  contohna  مِنۡ زِينَةِ الۡقَوۡمِ :
5)     سcontohna الۡإِنۡسَانُ :
6)     شcontohna مِنۡ شَيۡءٍ :
7)    صcontohna   يُنۡصَرُونَ :
8)    ضcontohna مَنۡ ضَلَّ :
9)     ظcontohna: فَلۡيَنۡظُرۡ
10)      فcontohna  اِنۡفَطَرَتۡ :


DAFTAR PUSTAKA
As Syeikh Husaini Syeikh Utsman, Haqqut Tilawah, Darul Manaroh, Jeddah, Arab Saudi, 1997 M. / 1418 H.
As Syeikh Jalaluddin As Suyuthi, Al-Itqon
As Syeikh Muhammad Mahmud, Hidayatul Mustafid.
As Syeikh Muhammad Makki Nashr, Nihayatul Qoulil Mufid, Darul Hikmah, Jakarta.
As Syeikh Sulaiman Al Jamzuri, Tuhfatul Athfal.
KH. Ahmad Sanusi, Burhanus Syibyan, PP. Assnusiyyah, Cianjur.
KH. Muhammad Mundzir Nadzir, Tanwirul Qori` Fi Tajwidi Kalamil Bari`, Maktabah Ashriyah, Surabaya.
__________________________, Wifaqut Tholabah, Maktabah Sa’d bin Nashir bin Nabhan, Surabaya.
LPTQ Kab. Cianjur, Buku Panduan Kegiatan Sertifikasi Dewan Hakim MTQ/ STQ Tingkat Kabupaten, 2015.
MPQ PP. Al Falah Ploso Mojo Kediri, Panduan Pengajaran Al Quran, 2011.




150 comments:

  1. mangga, punten bilih aya nu lepat, lereskeun nyalira we. insya Allah bade diupload edisi revisina

    ReplyDelete
  2. Kin kirang hukum isymam, imalah, saktah sareng nu lainna, tinggal di tambah keun kang

    ReplyDelete
  3. imalah sareng isymam aya dina bab bacaan-bacaan ghorib, saktah aya dina bab waqof. hatur nuhun.

    ReplyDelete
  4. Alhamdulillah sae pisan Ajengan....mugia langkung manfaat oge neda nyuhunkan kanggo bahan ajar disakola....jazakumullahu khairan katsira

    ReplyDelete
  5. Aduh sanes ajengan abdi mah, guru biasa. mangga pak mugi manfaat. edisi revisina tos diupload ku abdi per juni 2017

    ReplyDelete
  6. Replies
    1. Sami-sami teh, nyuhunkeun koresiana bilih aya kalepatan. Muga manfaat.

      Delete
    2. Atanapi kana WA 087778652999

      Delete
  7. Pami tiasa di Kintun kana email yapimha@gmail.com

    ReplyDelete
  8. Ijin copas kang..Hatur nuhun manfaat pisan...

    ReplyDelete
  9. Alhamdulillah, bermanfaat pisan pa ustadz. Izin di save sareng di share. Nuhun sateuacanna.

    ReplyDelete
  10. Assalaa mualaikum.
    hapunten kang,abi izin copas.

    ReplyDelete
  11. Assalamu'alaikum kang hoyong ngadownload kang abdi

    ReplyDelete
  12. Waalaikumussalam. Mangga, mugi manfaat, ngabantos kana maham ilmu tajwid, neda kritik sareng saran, tangtos seueur kirang.

    ReplyDelete
  13. Ngiring share kg egi mudah2n bermanffaat

    ReplyDelete
  14. Mangga, amin, mugi sami nampi kamanfaatan. Hatur nuhun.

    ReplyDelete
  15. Assalamualaikum .alhamdulilah mang Manfaat pisan. Hatur nuhun nya . Ijin donwload😅 smoga ajh buat mang Sukses ke depannya

    ReplyDelete
  16. Waalaikumussalam,Alhamdulillah tiasa kamanfaatkeun. Mangga, amin, mugi sukses sadayana. Hatur nuhun.

    ReplyDelete
  17. Ngiring ijin ngarangkum kg ustd ,mudah2n manfaat

    ReplyDelete
    Replies
    1. Mangga, amin, mugi sadaya dipaparin kamanfaatan sareng kaberkahan.

      Delete
  18. Assalamualaikum wr wb ..Pa Ustad copas nya ?asa emut nuju SD mung harilap deui

    ReplyDelete
  19. assalamualaikum pangersa izin copas nya,,, insya ALLOH manfaat

    ReplyDelete
  20. Izin save.. Jazakumullah khair🙏

    ReplyDelete
  21. Assalamualaikum, maaf izin save insyaAllah ikut ngamalin, semoga phalanya juga sampai Jazakuah khair ...

    ReplyDelete
  22. Punten pami aya nadom Jazariah nya punten pisan heheh

    ReplyDelete
  23. Kang abdi bd izin ngadownload kumargi abdi peryogi pisan mudah mudahan abdi tiasa ngamLkeunna

    ReplyDelete
  24. Hatur nuhun manfaat pisan pa ustad

    ReplyDelete
  25. Izin download ust,semoga menjadi kebarokahan,khusus buat penyusun,umum buat kita,amin

    ReplyDelete
    Replies
    1. Silahkan, amin, semoga kita diberi kemanfaatan ilmu.

      Delete
    2. Bismillah, izin download ustadz, semoga barokah ilmunya.. Bermanfaat untuk semuanya.

      Delete
  26. qobiltu.. ijin copas kang.. jazakallohu

    ReplyDelete
  27. Punteun Kang izin copas,جَزَاكَ اللهُ

    ReplyDelete
  28. Alhamdulillah izin download kang, Hatur nuhun pisaaan kang jazakumullAh khoiron kasiron.

    ReplyDelete
  29. Assalamualaikum kang ijin kopas nya

    ReplyDelete
  30. Ijin ngaos kang mugi manfaat sareng barokah.

    ReplyDelete
  31. assalamualaikum. kang abdi bade ijin ngadonload

    ReplyDelete
  32. Bismillah..
    Assalamualaikum..
    Ustadz izin copast nya, kanggo ibu" pengajian..
    Hatur nuhun sateacana.. 🙏

    ReplyDelete
  33. Assalamu'alaikum Ustadz Izin Copas nya kangge murangkalig di mushola haturnuhun sateuacana

    ReplyDelete
  34. kang iclan buku tajwidna hnteu?

    ReplyDelete
  35. السلام عليكم ورحمۃالله وبرك
    Ust izin copast nya, kangge belajar

    ReplyDelete
  36. Replies
    1. Di akhir posting ada link download "tajwid sunda revisi" berwarna bir, tinggal diklik aja itu. Lalu muncul laman pdfnya, klik di paling atas simbol panah bawah. Kalau belum bisa silahkan tulis email di kolom komentar nanti dikirim filenya. Hatur nuhun.

      Delete
  37. السلام عليكم ijin donload kang

    ReplyDelete
  38. Htr nuhun, manfaat pisan ilmuna, mugia tambih berkah kanggo sadayana, Aamiin

    ReplyDelete
  39. Nyungkeun widi kange belajar sareng dimanfa'atkeun ka murangkalih...

    ReplyDelete
  40. Alhamdulillah sae pisan.. Mugia manfaat kanggo sadayana anu ngaosna... abdi nyuhunkeun widi hoyong di download,... htr nhn kang

    ReplyDelete
  41. Ijin save, ka anggo pisan 😊sing manpaat nya

    ReplyDelete
  42. Izin download pdf nya kang, semoga berkah. Matur nuhun

    ReplyDelete
  43. Assalamu'alaikum
    Alhamdulillah hatur nuhun mugia Allah ngabales kasaean pngersa idzin di ajar pak kiyai mugia berkah ka jisim abdi srng jntn fahala sae ka urang sadayana Aamiin

    ReplyDelete
  44. Ass..D ny kmh kang punten simkusing tina hp teu tiasa di download

    ReplyDelete
    Replies
    1. Klik link tajwid sunda revisi, lajeng upami tos kabuka klik titik tiga di palih kanan atas, lajeng aya opsi download.. Upami teu tiasa keneh cobi wa ka abdi 087721473112

      Delete
  45. Assalamu'alaikum
    izin copas kang

    ReplyDelete
  46. Hatur nuhun kang atas kabeh pembahasan kitaabna

    ReplyDelete
  47. Alhamdulillah kang kaangge pisan duh hatur nuhun pisan

    ReplyDelete
  48. Assalamualaikum, izin download pa🙏 kangge belajar

    ReplyDelete
  49. Assalamu'alaikum kang ,izin download hehe

    ReplyDelete
  50. Assalamu'alaikum Hatur nuhun kang,ka anggo pisan ku abi

    ReplyDelete
  51. Assalamualaikum
    Kang abdi nyuhunken widi bade ngadownload ieu kitab mugi mugi masing manfaat kabalerea,khusuna kango abdi

    ReplyDelete
  52. Nyuhunkn qoidah mad lajim atuh ....htr nhn..

    ReplyDelete
  53. Replies
    1. Izin download sareng nyebarkan mugia manfaat ka sdayana

      Delete
    2. izin kang, mugia janteun amal

      Delete
  54. Izin copy kang, kangge belajar sareng ngadugiken ka nu sanesna. mugya manfaat tur barokah

    ReplyDelete
  55. Assalamualaikum Ijin download... Mugie manfaat...

    ReplyDelete
  56. Masya Allah, bermanfaat pisan. Izin copas kang. Mugia kaberkahanna ngalir ka jalmi nu tos ikhlas ngabagi elmuna . Aamiin

    ReplyDelete
  57. Alhamdulillah Aya oge takaran tajwid ku bahasa Sunda, bermanfaat pisan,
    Hatur nuhun pisan sing jadi amal sae kang

    ReplyDelete
  58. Jazakallohu Khoiron... Allhamdulillah hatur nuhun Ajengan

    ReplyDelete
  59. assalamu'alaikum nuhun keun izin copas pa ajengan

    ReplyDelete
  60. Alhamdulillah sae pisan Ajengan....mugia langkung manfaat oge neda nyuhunkan izin kanggo bahan ajar dimadrasah diniyah....jazakumullahu khairan katsira

    ReplyDelete
  61. Izin copy, semoga berkah ilmunya

    ReplyDelete
  62. hatur nuhun, nampi ilmuna. abdi neda widi copy pelajaran tazwidna mugia janten ka saeean, barokah kanu ngadamel ieu pelajaran, amiiinn

    ReplyDelete
  63. ijin copas kang ustad..mudah2an bermanfaat

    ReplyDelete
  64. Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
    Izin ngaos kang

    ReplyDelete
  65. assalamu'alaikum Haturnuhun P.Ustadz manfaat pisan, nyhunken widina abdi bde ngadownload, mugia P.Ustadz diberkahken dina sagala rupina aminn

    ReplyDelete
  66. Assalamu'alaikum ,
    Abdi izin nyalin nya kang ,
    Mudah2an barokah elmu na ,

    ReplyDelete
  67. Assalamu'alaikum. Abdi izin nyimpen kang mudah mudahan barokah

    ReplyDelete
  68. assalamualaikum..
    abdi izin nyalin sareng download kang..
    haturnuhun sateu acana

    ReplyDelete
  69. assalamualaikum
    abdi nyuhunkeun izin ngadownload sareng nyimpen kangge diamalkeun kang..

    ReplyDelete
  70. assalamualaikum ustad, izin download kango materi pangaosan

    ReplyDelete
  71. haturnuhun pisan kana elmuna kang ustad..mugia janten elmu nu manfaat sinareng janten kasaean kaberkahan dunya sinareng akheratna..aammiin

    ReplyDelete
  72. Izin download ustadz , qobiltu jazakallah

    ReplyDelete
  73. Izin download p.ustadz..
    Sangat bermanfa'at bagi yang lupa, saya diantaranya...

    ReplyDelete
  74. Izin download dan untuk di pelajari ustadz

    ReplyDelete
  75. Assalamualaikum kang ijin copas mugia hnteu ngaleungitkeun kanu barokah na🙏
    Mugia elmu na barokah manfaat

    ReplyDelete
  76. Assalamualaikum kang izin ngadouwnload kang kangge diajar 🙏.
    Sareng nambih anu ku Abi anu te Acan anu di pulau terang

    Kangge pisan kang. Hatur nuhun


    Wios te kang ku abdi di photo copy🙏🙏🙏

    ReplyDelete
  77. waalaikumussalam. Muhun mangga difoto kopi kangge bahan ajar.

    ReplyDelete
  78. Assalamualaikum kang izin dipelajari,hatur nuhun

    ReplyDelete
  79. assalamu'alaikum, kang nyuhunkeun ijin🙏 bade di tulis ku abdi nya, bermaanfaat pisan kang✨

    ReplyDelete
  80. Hartur nuhun kang , manfaat pisan

    ReplyDelete
  81. Cara download na kang punten kmha

    ReplyDelete
  82. neda widi copas pangersa

    ReplyDelete
  83. qobiltu izin kopas mamang

    ReplyDelete
  84. Assalaamu'alaikum widi share sreng ngamalkn kang mugia kenging manfa'at sreng kaberkahanna

    ReplyDelete
  85. Mantap kg izin nyalin mugia tambih berkah

    ReplyDelete
  86. Ngiring nyedot kang

    ReplyDelete
  87. Assalamu'alaikum, punten kang ijin comot🙏mugi manfaat ka sadayana dunia akherat, aamiin

    ReplyDelete
  88. Kang nyuhunken ridho iklas na catetana rek d angge mugia sadayana kenging kaberkahan sareng kamudahan amin 1 dei haram waqof na skalian

    ReplyDelete
  89. Izin download..mugia berkah

    ReplyDelete
  90. Qobiltu kang, Mugi manfaat sareng berkah

    ReplyDelete
  91. Assalamu'alaikum.
    Pun guru hpunten bade naros.
    Kmh upami kita tajwid ku abdi bade di poto copi, tiasa teu???
    Sasanes kanggo sasaha kanggo abdi fribadi.margi peryogi pisan.

    ReplyDelete
  92. Kang hampura ijin doanload sareng ngaoskeun kangge murnagkalih wios kang.. Hampura nya nyuhunkeun rido lilahita ala na aminn

    ReplyDelete
  93. assalamualaik
    hapunten akkang abdi req izin 🙏🙏

    ReplyDelete
  94. Qobiltu....Ijin ngeprin..bd ngajarkn murangkalih

    ReplyDelete
  95. Assalamualaikum wr wb.
    Widi di print kang, kangge ngaulang ka murang kalih. Sareng ceupeungan murang kalih, nyuhunkeun ridho na nya kang. 🙏

    ReplyDelete
  96. Qo idah waqof wasol

    ReplyDelete
  97. Mudah2n jnten ilmu anu manfaat..izin copas kang

    ReplyDelete

BHS PREMIUM TERBARU BUKAN SUTERA SPUNSILK APAKAH SENYAMAN BHS LAWAS?

SARUNG BHS KENAPA BERUBAH TIDAK MENGGUNAKAN SUTERA SPUNSILK   Pada postingan ini saya menyampaikan kesan saya saat menggunakan sarung BHS de...