Monday, July 12, 2021

Penjelasan Tajwid jeung Qaidah ku Basa Sunda; Hukum-Hukum Mad

 أحكام الْمَدِّ

HUKUM-HUKUM MAD

Ari Mad eta kabagi 2 :            Mad Asli/ Mad thobi’i المد الطبيعي/ الأصلي , jeung mad far’i المد الفرعي
1.    Mad Thobi’i (Asli)
Nyaeta Dimana-mana aya:  اsaba’da  fathah/ jabar  ( ـَ ),  يsaba’da  kasroh/ jeer   ( ـِ ) و  saba’da dhommah/ pees  ( ـُ )
* Qoidahna Mad Thobi’i:
وَالْمَدُّ أَصْلِيٌّ وَفَرْعِيٌّ لَهُ * وَسَمِّ أَوّلًا طَبِيعِيًّا وَهُوْ
Ari mad aya nu asli jeung far’i  *
 Pek ngaranan nu kahiji mad Thobi’i
2.    Mad Far’i (Cabang)
Ari mad far’i eta aya 13 bagian nyaeta :
a.      Mad Wajib Muttashil
b.      Mad Ja`iz Munfashil
c.       Mad ‘Aridh lissukun
d.      Mad Badal
e.      Mad ‘Iwadh
f.        Mad Len
g.      Mad Shilah
h.      Mad Tamkin
i.        Mad Farqi
j.        Mad Lazim Mutsaqqol Kilmi
k.       Mad Lazim Mukhoffaf Kilmi
l.        Mad Lazim Mutsaqqol Harfi
m.    Mad Lazim Mukhoffaf Harfi

أَحْكَامُ الْمَدِّ الْفَرْعِيِّ
HUKUM-HUKUM MAD FAR’I

Ari hukum mad far’i eta kabagi 3 bagian  :
1.    Mad Wajib (مد واجب)
2.    Mad Jaiz (مد جائز)
3.    Mad Lazim (مد لازم)
*Qoidahna  :
لِلْمَدِّ أَحْكَامٌ ثَلَاثَةٌ تَدُومْ * وَهْيَ الْوُجُوبُ وَالْجَوَازُ وَالُّلزُومْ
Sakabeh mad far’i eta aya tilu  *
 Mad wajib jeung jaiz lazim nu katilu
Ari wincikan mad far’i anu 13 nyaeta:
1.    Mad Wajib Muttashil(مد واجب متصل)
Nyaeta Dimana-mana aya mad thobi’i kapayuna aya hamzah (ء) bari sakalimah. Panjang macana 5 harokat. Contohna: أُولئِكَ ,جَاءَ
*Qoidah mad wajib muttashil :
فَوَاجِبٌ إِنْ جَاءَ هَمْزٌ بَعْدَ مَدْ * فِي كِلْمَةٍ وَذَا بِمُتَّصِلْ يُوعَدْ
Ari mad wajib eta ayana hamzah  *  sakalimah nu paantel kade salah
2.    Mad Ja`iz Munfashil (مد جائز منفصل)
Nyaeta Dimana-mana aya Mad ashli kapayuna aya hamzah bari teu sakalimah/ 2 kalimah. Panjang macana 2/4/5 harokat. Contohna: بَنِي إِسرَائِيلَ
*Qoidahna mad Jaiz munfashil  :
وَجَائِزٌ مَدٌّ وَقَصْرٌ إِنْ فُصِلْ * كُلٌّ بِكِلْمَةٍ وَهٰذَا مُنْفَصِلْ
Mad jaiz bisa panjang reujeung pendekna  *  mun pisan mad reujeung hamzah kalimahna
3.    Mad ‘Aridh Lissukun(مد عارض للسكون)
Nyaeta dimana-mana aya mad mayunan huruf sukun anyar-anyaran kusabab waqof (eureun di tung-tung kalimah). Panjang macana 2/4/6 harokat. Contohna:
 وَمِمَّا رَزَقْنَاهُمْ يُنْفِقُونَ
* Qoidahna  :
وَمِثْلُ ذَا إِنْ عَرَضَ السُّكُونُ * وَقْفًا كَتَعْلَمُونَ نَسْتَعِينُ
Ari nu ngarana mad ‘aridh sukun  *
  aya huruf sukun anu diwaqofkeun
4.    Mad Badal (مد بدل)
Nyaeta pakumpulna hamzah sareng huruf mad dina sakalimah, hamzahna tipayun, huruf madna tipengker )Dimana-mana aya jabar nangtung luhureun hamzah(. Badal didieu hartosna ngagantikeun hamzah kana huruf mad. Contohna  :
 اٰمَنَ asalnaأَأْمَنَ ,  إِيْمَانًاasalnaإِئْمَانًا   ,أُوْتُو   asalnaأُؤْتُو              
* Qoidahna mad badal:
وَقَدِّمِ الْهَمْزَ عَلَى الْمَدِّ وَذَا * بَدَلْ كَاٰمَنُوا وَإِيمَانًا خُذَا
Mun tipayun hamzah huruf mad panderi  *  Eta namina mad badal tos kaciri
5.    Mad Iwadh(مد عوض)
Nyaeta tanwin jabar (ــًـ) digentoskeun kana mad kusabab Waqof. Panjang macana 2 harokat. Contohna  : خَالِدِينَ فِيهَا أَبَدًا
6.    Mad Len(مد لين)
Nyaeta Dimana-mana aya و atawa ي sateuacana harokat jabar, syaratna kudu nalika waqof/eureun. Contohna:
رِحْلَةَ الشِّتَاءِ وَالصَّيْفِ .
Tapi lamun dina nalika washol (nyambung) mah namina haraf len. Contohna:
لَا رَيْبَ فِيهِ
* Qoidahna  :
وَاللِّينُ مِنْهَا الْيَا وَوَاوٌ سَكَنَا * إِنِ انْفِتَاحٌ قَبْلَ كُلٍّ أَمْكَنَا
Ari huruf len eta jumlahna dua  *
 Huruf wawu jeung yaa nujabar tiheula
7.    Mad Shilah(مد صلة)
Ari Mad Shilah eta kabagi kana dua bagian  :
a.    Mad Shilah Qoshiroh(مد صلة قصيرة)
Nyaeta dimana-mana aya ha’ dhomir (ـه) anu diharokatan (ـهُ) atawa harokat (ـهِ) bari huruf sateu acana diharokatan, kapayuna teu aya hamzah (ء).  Panjangna 2 harokatContohna:
!$tB 4Óo_øîr& çm÷Ytã ¼ã&è!$tB LäêYä. ¾ÏmÎ/ tbqç/Éjs3è?
b.    Mad Shilah Thowilah(مد صلة طويلة)
Nyaeta dimana-mana aya ha` dhomir (ـه) anu di harokatan (ـهُ) atawa harokat (ـهِ) bari huruf sateu acana diharokatan, kapayuna aya hamzah (ء). Panjangna 2/5 harokat.
Ü=|¡øts ¨br& ÿ¼ã&s!$tB ¼çnt$s#÷{r&  Contohna:
8.    Mad Tamkin(مد تمكين)
Nyaeta Dimana-mana aya duaي  salah sahijina sukun sateu acana kasroh bari di tasydidan. Panjang macana 2 harokat. Contohna: حُيِّيتُمْ
9.    Mad Farqi (مد فرق)
Nyaeta Dimana-mana aya lafazh anu minculak/ beda tina lafazh lain dina Al Qur’an (aya mad badal nyanghareupan alif lam syamsiyah).
Contohna  : قُلْ آلذَّكَرَيْنِ
Dina Al-qur’an  aya dina 4 tempat mad farqi.
·      2 lafadz dina surat al An’am 6:143 jeung 144: آٰلذَّكَرَيۡنِ
·      1 lafadz dina surat Yunus 10:59: آٰللهُ
·      1 lafadz dina surat An-naml 27:59: آٰللهُ
10.    Mad lazim Mutsaqqol Kilmi
(مد لازم مثقّل كلمي)
Nyaeta huruf mad kapayuna aya huruf anu di tasydidan dina sakalimah. Panjang macana 6 harokat. Contohna: وَلَا الضَّالِّينَ 
11.    Mad Lazim Mukhoffaf Kilmi
(مد لازم مخفّف كلمي)
Nyaeta dimana-mana aya mad badal nyanghareupan alif lam qomariyah. Panjang macana 6 harokat.
Tempat mad lazim mukhoffaf kilmi ngan aya dua nyaeta dina surat Yunus 10:51 jeung 91. Lafazhna: آٰلْاٰنَ
12.    Mad Lazim Mutsaqqol Harfi
(مد لازم مثقّل حرفي)
Nyaeta huruf dina mimiti surat anu lamun diejah jadi 3 huruf, huruf tengahna teh mad, oge saba’da mad aya huruf nu di idghomkeun. Contohna  :  المّ ejahana:
أَلِفْ لَامْ مِّيمْ
13.    Mad Lazim Mukhoffaf Harfi
(مد لازم مخفّف حرفي)
Nyaeta huruf dina mimiti surat anu lamun diejah jadi 3 huruf. Tengah-tengahna huruf mad, huruf katiluna sukun anu teu diidghomkeun. Contohna:
 صٓ وَالْقُرْانِ, نٓ وَالْقَلَمِ
Huruf mad lazim harfi aya 8:
ك, م, ع, س, ل, ن, ق, ص
Dikumpulkeun dina pangucap:
 كَمْ عَسَلْ نَقَصْ/ نَقَصَ عَسَلُكُمْ
CATETAN
Huruf-huruf dina awal surat anu ejahana dua huruf eta panjangna dua harokat/ saalif, disebutna Mad Thobi’i Harfi
(مد طبيعي حرفي)*.
Hurufna aya lima dikumpulkeun dina lafazh: حَيٌّ طَهَرْ  Contohna: طٰهٰ, يٰسٓ          
Sapalih ulama sapertos Syeikh Muhammad Al Mahmud dina Kitab Hidayatul Mustafid nganamian ieu mad “mad lazim mukhoffa harfi”, sedengkeun anu ejaana tilu huruf numutkeun anjeuna disebat mad lazim harfi musyba’.

No comments:

Post a Comment

BHS PREMIUM TERBARU BUKAN SUTERA SPUNSILK APAKAH SENYAMAN BHS LAWAS?

SARUNG BHS KENAPA BERUBAH TIDAK MENGGUNAKAN SUTERA SPUNSILK   Pada postingan ini saya menyampaikan kesan saya saat menggunakan sarung BHS de...