Friday, April 7, 2017

Penjelasan Kitab Jurumiyah (Dalam Bahasa Sunda) Download PDF

PENJELASAN KITAB AL-AJURRUMIYAH

Kitab Karya Syeikh Muhammad bin Daud As-Sonhaji yang lazim disebut Jurumiyah dipelajari hampir disuluruh pesantren di Indonesia, khususnya yag bercorak salaf. Buku keterangan dalam Bahasa Sunda ini hadir untuk memudahkan santri dalam memahami kitab itu dengan dilengkapi contoh-contoh sederhana dan tabel-tabel. Untuk melihat dan mengunduh buku ini silahkan klik link dibawah ini, semoga bermanfaat.
Penjelasan Jurumiyah (Bahasa Sunda)
Baca juga:Penjelasan matan kitab Tijan Addaruri Bahasa Sunda
Cara Cepat Baca Kitab Kuning dengan Bahasa Sunda








بَابُ الْكَلَامِ
BAB KALAM


Patokan Kalam
( الكَلَامُ هُوَ اللَّفْظُ الْمُرَكَّبُ الْمُفِيدُ بِالْوَضْعِ )
Kalam teh nyaeta lafazh anu kasusun tur mere faidah jeung ku bahasa Arab.

Patokan Lafazh
وَهُوَ الصَّوْتُ الْمُشْتَمِلُ  عَلَى بَعْضِ الْحُرُوفِ الْهِجَا ءِيَّةِ
Hartosna: sora anu ngawengku kana sawareh huruf hijaiyah.

Patokan Murokkab
وَهُوَ مَا تَرَكَّبَ مِنْ كَلِمَتَيْنِ فَأَكْثَرَ
Hartosna: lafazh anu tersusun tina dua kalimah atawa leuwih, contona: 

Patokan Mufid
وَهُوَ مَا أَفَادَ فَائِدَةً يَحْسُنُ السُّكُوتُ مِنَ الْمُتَكَلِّمِ وَالسَّامِعِ عَلَيْهَا
Hartosna: Kalimah anu kaharti, anu sae cicing ti jalmi anu nyariosna sareng ti jalmi anu ngadanguna, contohna: ضَرَبَ زَيْدٌ عَمْرًا  

Patokan Wadho’
وَهُوَ الْوَضْعُ الْعَرَبِيُّ
Hartosna: kubahasa arab,contoh:الله 

Ari kalam eta kabagi kana dua bagian: (1) kalam naqish, (2) kalam tam.
Ari ngaran kalam naqish nyaeta kalam anu kurang sampurna, hartina henteu pakumpul persyaratan anu opat: lafazh, murokkab , mufid, wadho’.
Tegesnamah fiil can aya fail, contona: ضَرَبَ   , mubtada can aya khobar, contona:زَيْدٌ .
Ari ngaran kalam tam nyaeta kalam anu sampurna. Hartina kalam anu pakumpul persyaratan anu opat. Tegesna fiil tos aya fail, contona:ضَرَبَ زَيْدٌ   , mubtada tos aya khobar, contona:زَيْدٌ قَائِمٌ  .

Babagian Kalimah
( وَأَقْسَامُهُ ثَلَاثَةٌ: إِسْمٌ, وَفِعْلٌ, وَحَرْفٌ جَاءَ لِمَعْنًى )
Kalimah (kata/ kecap) kabagi tilu:                
1.    Kalimah isim ( kata benda )
2.    Kalimah fiil ( kata kerja )
3.    Kalimah haraf (kata bantu )

Patokan Kalimah Isim
وَهُوَ كَلِمَةٌ دَلَّتْ عَلَى مَعْنًى فِى نَفْسِهَا وَلَمْ تُقْتَرَنْ بِزَمَنٍ وَضْعًا
Hartosna: hiji kalimah anu nuduhkeun kana ma’na dina awakna sorangan bari henteu dibareungan ku zaman, contona:كِتَابٌ , زَيْدٌ  .

Patokan Kalimah Fiil
وَهُوَ كَلِمَةٌ دَلَّتْ عَلَى مَعْنًى فِى نَفْسِهَا وَاقْتُرِنَتْ بِزَمَنٍ وَضْعًا
Hartosna: hiji kalimah anu nuduhkeun kana ma’na dina awakna sorangan bari dibareungan ku zaman, contona:ضَرَبَ , نَصَرَ  .

Patokan Kalimah Haraf
وَهُوَ كَلِمَةٌ دَلَّتْ عَلَى مَعْنًى فِى غَيْرِهَا
Hartosna: hiji kalimah anu nuduhkeun kana ma’na dina lian awakna sorangan, contona:لَمْ , فِي ,هَلْ  .

Ciri-Ciri Kalimah Isim
( فَالْإِسْمُ يُعْرَفُ بِالْخَفْضِ, وَالتَّنْوِينِ, وَدُخُولِ الْأَلِفِ وَاللَّامِ, وَحُرُوفِ الْخَفْضِ. وَهِيَ: مِنْ, وَإِلَى, وَعَنْ, وَعَلَى, وَفِي, وَرُبَّ, وَالْبَاءُ, وَالْكَافُ, وَاللَّامُ, وَحُرُوفِ الْقَسَمِ, وَهِيَ الْوَاوُ, وَالْبَاءُ, وَالتَّاءُ. )
Ari kalimah isim eta bisa dikanyahokeun ku 4 pirang-pirang ciri:
1.    Ku jar tungtung
Tah ari jar tungtung eta bisa dikanyahokeun kutilu jalan :
a.    Katerapan haraf jar, contoh:مِنَ الْمَدْرَسَةِ    
b.    Kusabab idopat (mudof ileh), contoh:أَرْكَانُ الْإِسْلَامِ  
c.    Kusabab tumurut, contoh:بِسْمِ الله ِالرَّحْمنِ الرَّحِيمِ     
2.    Tanwin
Ari tanwin eta kabagi kana 4 bagian:
a.    Tanwin tamkin, nyaeta:  tanwin anu sok terapna kana isim mu’rob, contoh:زَيْدٌ
b.    Tanwin tankir, nyaeta: tanwin anu sok terapna kana isim mabni, contoh:سِبَوَيْهٍ
c.    Tanwin muqobalah, nyaeta: tanwin anu sok terapna kana jama’ muannats salim, contoh:مُسْلِمَاتٌ
d.    Tanwin iwad ( gaganti) contoh: tanwin dina lafazh كُلٌّ asalna كُلُّ وَاحِدٍ  
3.    Katerapan alif lam
4.    Katerapan huruf anu sok ngajarkeun, nyaeta aya 10:

No
Harf Jar
Ma’nana
Contoh
1
مِنْ
لِلْاِبْتِدَاء
من المسجد الحرام
2
إِلَى
لِلْاِنْتِهَاء
الى المسجد الحرام
3
عَنْ
لِلْمُجَاوَزَة
رميت البهم عن القوسي
4
عَلَى
لِلْاِسْتِعْلَاء
ركبت على الفرسي
5
فِي
لِلظَّرْفِيَّة
الماء في الكوز
6
رُبَّ
لِلتَّقْلِيل
رب رجل كريم
لِلتَّكْثِير
رب رجل كريم
7
بَاء
لِلْإِلْصَاق
سررت بزيد
8
كَاف
لِلتَّشْبِيه
زيد كالبدر
9
لَام
لِلْمِلْك
المال لزيد
10
حُرُوف قَسَم
(واو,باء,تاء)
سومفاه

والله, با الله, تا الله


Ciri-ciri kalimah fiil                                                                                    
( وَ الْفِعْلُ يُعْرَفُ بِقَدْ وَ السِّينِ وَ سَوْفَ وَ تَاءِ التَّأْنِيثِ السَّاكِنَةِ. )
Ari ciri kalimah fiil eta aya 4:
1.    Katerapan huruf قد  , contoh:   قد يقوم, قد قام 
2.    Katerapan sin tanfis س , contoh: سيقوم  
3.    Katerapan saufa taswif سوف , contoh: سوف يقوم 
4.    Katerapan ta’tanis sakinah ت , contoh: نصرت , ضربت 

Ari anu opat eta kabagi kana dua bagian:
1.    Mukhtash (tangtu), nyaeta:
a.    Sin tanfis terapna kana fi’il mudhori’, contoh:سيقوم  
b.    Saufa taswif terapna kana fi’il mudhori’, contoh: سوف ينصر  
c.    Ta ta’nis sakinah terapna kana fi’il madhi, contoh:فتحت
2.    Ghoir mukhtash (teu tangtu), nyaeta: lafazh قد
Tah ari   ma’nana eta kabagi kana 2 bagian:
1.    Anu terapna kana fi’il mudhori’, ma’nana: لتقليل
Contoh: قد ينصر  logatna: terkadang
2.     Anu terapna kana fi’il madi, ma’nana:   لتحقيق
Contoh:قدنصر   logatna: temen

Ciri Kalimah Haraf
( وَالْحَرْفُ مَا لَا يَصْلُحُ مَعَهُ دَلِيلُ الْاِسْم وَلَا دَلِيلُ الْفِعْلِ. )           
Ari ciri kalimah haraf nyaeta teu bisa katerapan ciri fi’il jeung ciri isim.

46 comments:

  1. Amin..ijin mendownload kang..

    ReplyDelete
  2. assalamualaikum,nyuhunken widi na bade di download

    ReplyDelete
  3. Waalaikumussalam, mangga kang, mung punten tangtos seueur lepat, hayong koreksi sareng kritikna. hatur nuhun mugi manfaat.

    ReplyDelete
  4. Hatur nuhun pisan, widi kanggo diajar

    ReplyDelete
  5. Assalamu'alaikum pangersa! nyuhunkeun widi kangge ngiringan nga download! manawi berkah kangge sadayana

    ReplyDelete
    Replies
    1. Waalaikumussalam, mangga ustadz.. Mung tangtos seueur lepat. Nyungkeun koreksina. Mugi manfaat.

      Delete
  6. Assalamualaikum,punteun kang abdi nyhunkeun widina kangge di download,mugia sing tambih2 elmuna sreng sing manfaat dunia akherat.khusus ka akang umumna mah kangge abdi anu nembe belajar.htur nuhun

    ReplyDelete
  7. walaikumussalam, mangga. amin mugi dipaparin kamanfaat sareng kaberkahan elmu

    ReplyDelete
  8. Assalamu alaikum warrahmatullahi wabarrakatuh.... Kang abdi nyuhunkeun widi kanggo ngadownload .. Mugia sing dijantenkeun elmu nu manfaat dunya kalayan akherat.. ..hatur nuhun

    ReplyDelete
    Replies
    1. Waalaikumussalam warohmatullahi wa barokatuh. Mangga,amin. Sami sami mugi sadaya dipaparin kamanfaatan.

      Delete
  9. Assalaamu'alaikum...kang.
    Bade nyungkeun widi kanggo ngadonlod. Mugi kaberkahan salawasna kanggo akang sakulawarga. Ditambihan elmu nu manfaat dunya sareng akherat.
    Hatur nuhun.

    Wassalaamu'alaikum

    ReplyDelete
  10. Ijin download kang,kanggo belajar. Hehe

    ReplyDelete
  11. Assalamu'alaikum ,,, Pangersa izin copas ,, insya ALLOH manfaat

    ReplyDelete
  12. This comment has been removed by the author.

    ReplyDelete
  13. Assalamualaikum kang! Nyuhunkeun widina kangge ngiringan ngadownload!manawi janten berkah kanggo salira sareng k sadayana

    ReplyDelete
  14. Kang izin download insyaAllah bermanfaat mugia pahalana slalamina ngocor hatuf nuhhn

    ReplyDelete
  15. Assalamualaikum, kang punten nuhunkeun widi ngadownload in syaAllah manfaat, mugia pahalana salalamina ngocor

    ReplyDelete
  16. Waalaikumussalam, mangga didonwload, mugi urang sadayana kenging kamanfaatan ilmu, kagampangan dina diajar sareng ngajarkeuna.

    ReplyDelete
  17. This comment has been removed by a blog administrator.

    ReplyDelete
  18. Assalamualaikum. pangersa nyuhunkeun widi pikeun ngadownload.hatur nuhun

    ReplyDelete
  19. Assalamualaikum, nepangkeun nami abdi Pujan Daniar, bade nyuhunkeun ijazah na mugia dimudahkeun ku Allah dina ngaos ieu kitab, Aamiin.. Hatur Nuhun...

    ReplyDelete
    Replies
    1. Waalaikumussalam, abdi namubg ngarangkum tina kitab-kitab para ulama ti para guru kang Daniar. Mugi urang sadaya kenging kaberkahan tina ilmuna para ulama.

      Delete
  20. kang bade di simpen anu khutbah jum at.hegae t?

    ReplyDelete
    Replies
    1. Mangga naon we anu di blog sim kuring disave/ didownloaf

      Delete
  21. Assalamualaikum kang pami d print wios ta hnteu hehe

    ReplyDelete
  22. Waalaikumussalam.. Mangga, mung punten bilih aya lepat, neda koreksina.

    ReplyDelete
  23. Nuhun kang, aya nu naros al-ajurrumiyyah di grup WA https://chat.whatsapp.com/JTAT4FCIEMRGkjLn12dQiL
    idzin share, wassalaam'alaykum.

    ReplyDelete
  24. Assalamualaikum
    Widi ngdonlod kang

    ReplyDelete
  25. Assalamualaikum kang Bade izin

    ReplyDelete
  26. Neda widi ngadownload pangersa, mugi barokah elmu na

    ReplyDelete
  27. Asalamu'alaikum nyuhunkeun ijazzah na bade di copy, Qobiltu ijazataka

    ReplyDelete
  28. Aduh kabita, hoyong diajar. Tiasa teu sapertos les privat

    ReplyDelete
  29. Assalamu'alaikum ijin save kang, hatur nuhun elmuna

    ReplyDelete
  30. Assalamualaikum nyuhunkeun ijazahna bde di pelajari sareung insya allah bade di amalkeun mugia barokah sareung cing janteun elmu anu mangfaat khusus kangge pa admin utamina kangge urang sadayana anu sami" ngaos kana ieu elmu anu ku pa admin di sebar luaskeun amiiinnn

    ReplyDelete
  31. Hatur nuhun kang ajeungan barokah

    ReplyDelete
  32. assalamu'alaikum wr wb abi peryogi tiasa ngadownload hatur nhn

    ReplyDelete
  33. Assalamualaikuum wr wb nyuhunkn widina kangge ngadownload fdf na, mugia janten berkah aamiin

    ReplyDelete

BHS PREMIUM TERBARU BUKAN SUTERA SPUNSILK APAKAH SENYAMAN BHS LAWAS?

SARUNG BHS KENAPA BERUBAH TIDAK MENGGUNAKAN SUTERA SPUNSILK   Pada postingan ini saya menyampaikan kesan saya saat menggunakan sarung BHS de...