Sunday, September 6, 2015

Khutbah Jumat Basa Sunda (Jaminan Surga)

Hadirin kaum muslimin sidang jum’ah rahimakumullah
Mangga urang sami-sami merhatoskeun pidawuh Rasulullah Saw ieu:
عن عبادة ابن صامت قال النبي صلى الله عليه وسلم: اضْمَنُوا لِي سِتًّا مِنْ أَنْفُسِكُمْ أَضْمَنْ لَكُمْ الْجَنَّةَ اصْدُقُوا إِذَا حَدَّثْتُمْ وَأَوْفُوا إِذَا وَعَدْتُمْ وَأَدُّوا إِذَا اؤْتُمِنْتُمْ وَاحْفَظُوا فُرُوجَكُمْ وَغُضُّوا أَبْصَارَكُمْ وَكُفُّوا أَيْدِيَكُمْ. رواه أحمد

“Aranjeun kudu ngajamin
genep perkara, kuring ngajamin aranjeun ku sawarga. Kahiji dimana nyarita kudu bener, kadua kudu nohonan jangji, katilu kudu ngaraksa amanat upama diamanatan, kaopat jaga farji aranjeun, kalima tundukeun paningal, jeung kagenep raksa leungeun aranjeun (riwayat Ahmad)
Hadirin sadaya Rasulullah ngajamin urang ku surga asal urang urang sadaya nyumponan kana genep perkara:
1.       Kedah leres dina cariosan
Islam ngajarkeun urang sangkang ngaraksa lisan, sagala rupi ucapan anu medal tina lisan tangtos dicatet ku malaikat Rakin jeung Atid, numawi urang kedah ngusahakeun sangkean sadaya ucapan urang leres saluyu sareng kenyataana.
2.       Nohonan jangji
Kanjeng Nabi Muhammad Saw ngadawuhkeun yeun diantara ciri jalma munafik aya tliu dimana nyarita ngabohong, dimana jangji sulaya, jeung dimana diamanatan khiyanat.
3.       Miara amanat
Allah masrahkeun amanah ka manusa sangkan ngurus alam dunia sangkan hirup saluyu jeung aturan agama. Amanah ieu teu dipasrahkeun ka makhluk sejen sakumaha kaunggel dina Al Qur’an Surah al Ahzab: 72
$¯RÎ) $oYôÊttã sptR$tBF{$# n?tã ÏNºuq»uK¡¡9$# ÇÚöF{$#ur ÉA$t6Éfø9$#ur šú÷üt/r'sù br& $pks]ù=ÏJøts z`ø)xÿô©r&ur $pk÷]ÏB $ygn=uHxqur ß`»|¡RM}$# ( ¼çm¯RÎ) tb%x. $YBqè=sß Zwqßgy_ ÇÐËÈ  
Saenyana Kami geus nawarkeun amanat ka langit, ka bumi jeung ka gunung-gunung, tapi kabeh embungeun narima, sabab sieun khiyanat, tapi ku manusa mah ditarima ngan manusa loba zhalim jeung bodo.
Manusa disebut zhalim jeung bodo lantaran kanyataana loba khiyanat kana amanat, ngalanggar kana aturan Allah.
4.       Miara kahormatan farji
Agama netepkeun aturan nikah sangkan manusa bisa ngajaga kahormatan jeung turunan. Pergaulan bebas nyababkeun rupa-rupa panyakit jeung karugian-karugian sejena.     
5.       Nundukeun paningal tinu haram
Diantawis cara ngajaga kahormatan farji nyaeta ku nundukeun paningal tina sakur anu harom.
6.       Miara panangan
Urang kedah tiasa ngagunakeun panangan urang ku amal sholeh, ulah dugi ka digunakeun dina perkara nu diharamkeun, saperti maling, maehan, ngedarkeun narkotika jeung sajabana.
Hadirin sidang Jumah rahimakumullah!
Eta aturan-aturan Allah, sing saha jalma taat ka Allah jeung rasulna  Allah pasti ngalebetkeuna ka surga anu ngalir di handapna walungan-walungan bari langgeung dijerona, eta mangrupakeun kabagjaan anu agung
تِلْكَ حُدُودُ اللَّهِ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ يُدْخِلْهُ جَنَّاتٍ تَجْرِي مِنْ تَحْتِهَا الْأَنْهَارُ خَالِدِينَ فِيهَا وَذَلِكَ الْفَوْزُ الْعَظِيمُ.

بارك الله لي ولكم في القرآن العظيم, ونفعني واياكم بما فيه من الايات والذكر الحكيم, انه تعالى ملك بر رؤوف رحيم, فاستغفروه فيا فوز المستغفرين. ويا نجاة المتقين.

No comments:

Post a Comment

BHS PREMIUM TERBARU BUKAN SUTERA SPUNSILK APAKAH SENYAMAN BHS LAWAS?

SARUNG BHS KENAPA BERUBAH TIDAK MENGGUNAKAN SUTERA SPUNSILK   Pada postingan ini saya menyampaikan kesan saya saat menggunakan sarung BHS de...