Sunday, November 17, 2024

RANGKUMAN KITAB MANZHUMAH AL BAIQUNIYAH KU BAHASA SUNDA

RANGKUMAN KITAB MANZHUMAH AL BAIQUNIYAH

DINA ILMU MUSHTHOLAH HADITS

 KU BASA SUNDA

MUQODDIMAH

·  Ta’rif ilmu mushtholah hadits nyaeta elmu ngeunaan dasar jeung kaidah mikanyahokeun kana kaayaan sanad jeung matan tina arah arah ditarima jeung ditolakna.

·  Sasaran ilmu mushtholah hadits nyaeta sanad jeung matan hadits tina arah-arah ditarima jeung ditolakna

·   Faedahna ieu ilmu nyaeta ngabedakeun kana anu bener jeung anu ngabogaan panyakit tina pirang-pirang hadits

·     Hadits nyaeta perkara anu disarandekeun ka kanjeng Nabi boh rupa ucapan, padamelan, sifat atanapi katetepan. Katetepan the sapertos aya sapalih shohabat nuang sato dhobb (kadal gurun) tapi kanjeng nabi teu ngaulahkeun  bari anjeuna uninga.

·     Hadits (حديث - أحاديث) terkadang disebut oge khobar (خبر - أخبار) atawa sunnah (سنة - سُنَن)

·     Sanad nyaeta silsilah (rundayan) jalmi jalmi anu nepikeun matan

·     Matan nyaeta ucapan saatos akhir sanad

·     Rowi (راوي - رُوَاة) nyaeta jalmi anu ngariwayatkeun (nyaritakeun) hadits

 

BABAGIAN HADITS  1

Ngai’tibar kuat sareng apesna (lemahnya) hadits kabagi tilu; shohih, hasan jeung dho’if

1.        Hadist Sohih ( الصحيح )

Nyaeta anu diriwayatken ku rowi anu adil anu sampurna dhobit na, sanadna muttasil, teu aya illat sareng syadz.

·        Adil nyaeta muslim, balig, berakal , teu pernah migawe dosa gede, teu tuluy – tuluy migawe dosa leutik, ngajaga muru`ah

·        Dhobit ( ضَبْط ) nyaeta aya 2: kuat hapalan sareng taliti catatan

·        Muttashil sanad tegesna nyambung ti awal dugika akhir

·        Illat  ( علّة ) nyaeta perkara anu nyacadkeun hadits seperti hadits mursal tapi diriwayatkeun muttashil

·        Syadz  ( شُذُوذ ) nyaeta nyulayaan kana hadits anu diriwayatkeun ku rowi anu leuwih kapercaya (ثِقَة)

Contoh hadits shohih: hadits anu diriwayatkeun ku Imam al Bukhori, anjeuna ngadawuh:

حَدَّثَنَا عَبْدُ اللَّهِ بْنُ يُوسُفَ قَالَ أَخْبَرَنَا مَالِكٌ عَنْ أَبِي الزِّنَادِ عَنْ الْأَعْرَجِ عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ لَوْلَا أَنْ أَشُقَّ عَلَى أُمَّتِي أَوْ عَلَى النَّاسِ لَأَمَرْتُهُمْ بِالسِّوَاكِ مَعَ كُلِّ صَلَاةٍ

 

2.        Hadits Hasan  ( الحسن )

Hadits anu diriwayatkeun ku rowi anu adil tur dhobit mung teu sampurna, anu muttasil sanadna tur salamet tina syadz jeung illat.

Contohna hadits anu diriwayatkeun ku Imam at Tirmidzi, anjeuna ngadawuh:

حَدَّثَنَا أًبُو كُرَيْب حَدَّثَنَا عَبْدَةُ بْنُ سُلَيْمَانَ عَنْ مُحَمَّدِ بْنِ عَمْرٍو عَنْ أَبِي سَلَمَةَ عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ قَالَ قَالَ رَسُولُ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ لَوْلَا أَنْ أَشُقَّ عَلَى أُمَّتِي أَوْ لَأَمَرْتُهُمْ بِالسِّوَاكِ عِنْدَ كُلِّ صَلَاةٍ

Muhammad bin Amr masyhur kajujurana tapi teu kalebet jalmi anu banget kuat hapalana.

3.        Hadits Dho’if  ( الضَعيف )

Hadits anu teu nyumponan syarat hadis hasan komo shohih, babagiana seueur sapertos mudhtorib, maqlub, maudhu’, munkar, mursal, mu’dhol, maqthu’, syadz.

 

BABAGIAN HADITS 2

Ngai’tibar ka anu disarandekeun hadits ka anjeuna:

1.         Hadits Qudsi ( الحديث القدسي )

Hadits anu disarandekun ku kanjeng Nabi ka Gusti Allah. Contohna hadits riwayat Imam Bukhori:

عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ قَالَ قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَقُولُ اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ أَعْدَدْتُ لِعِبَادِيَ الصَّالِحِينَ مَا لَا عَيْنٌ رَأَتْ وَلَا أُذُنٌ سَمِعَتْ وَلَا خَطَرَ عَلَى قَلْبِ بَشَرٍ.. (الحديثَ)

Perbedaan Hadits Qudsi jeung Quran diantawisna:

·     Qur`an lafazh sareng maknana ti Allah, hadits qudsi maknana ti Allah lafazhna ti kanjeng Nabi

·     Qur`an mangrupikeun mu’jizat, hadits qudsi mah sanes

·     Qur`an diriwayatkeun kalawan mutawatir, hadits qudsi teu disyaratkeun kedah mutawatir

2.         Marfu’ ( المرفوع )  

Hadits anu disarandekeun ka kanjeung nabi

3.         Mauquf ( الموقوف )

Hadits anu disarandekeun ka shohabat. Contohna sapertos dawuhan Imam Bukhori: “َأَمَّ ابْنُ عَبَّاسٍ وَهُوَ مُتَيَمِّمٌ”

4.         Maqthu’ ( المقطوع )

Hadits anu disarandekeun ka tabiin atanapi ka sahandapeuna   saperti dawuhan Imam Bukhori:

 “وَقَالَ الْحَسَنُ صَلِّ وَعَلَيْهِ بِدْعَتُهُ”

 

WARNA – WARNA HADITS SANESNA ANU AYA DINA HADITS SHOHIH, HASAN  SARENG DHO’IF

·        Musnad ( المسند ) nyaeta hadits anu nyambung sanadna dugika kanjeung nabi

·        Muttasil ( المتصل ) nyaeta hadits anu nyambung sanadna kalawan sakira sakur rowi nguping ti rowi saluhureuna dugika akhir, naha akhirna teh kanjeng Nabi atanapi shohabat

·        Musalsal ( المسلسل ) nyaeta hadits anu sakur rowina nyaluyuan dina hiji sifat boh ucapan atanapi padamelan.

·     Contoh  musalsal anu bangsa ucapan hadits anu sakur rowina ngariwayatkeun ngangge  Shegat: حَدَّثَنِي atanapi أَنْبَأَنِي   

·     Contoh musalsal anu bangsa padamelan sapertos anu disebutkeun ku Syeikh al Baiquni قَدْ حَدَّثَنِيهِ قَائِمًا/ بَعْدَ أَنْ حَدَّثَنِيهِ تَبَسُّمًا sareng sapertos hadits riwayat Abu Huroiroh:

شَبَّكَ بِيَدِي أَبُو الْقَاسِمِ ﷺ وَقَالَ: خَلَقَ اللهُ الْأَرْضَ يَوْمَ السَّبْتِ

Sakur rowi ngalebetkeun ramo-ramona kana sela-sela ramo muridna sakumaha nu dipidamel ku kanjeng Nabi ka Abu Huroiroh.

 

BABAGIAN HADITS 3

Ngai’tibar seueurna jeung saalitna jalur (طَرِيق - طُرُق):

1.         Hadits Mutawatir ( المتواتر )

Hadits anu diriwayatkeun ku seueuran ti darajat awal dugika akhir anu mustahil secara adat sepakat bohong. Contohna:

 مَن كَذَبَ عَليَّ مُتَعَمِّدًا فَلْيَتَبَوَّأْ مَقْعَدَهُ مِنَ النَّارِ

hadits ieu diriwayatkeun ku 102 shohabat

 

2.         Hadits Ahad ( الآحاد )

Hadits anu teu nyumponan syarat mutawatir, babagian Hadits ahad aya  tilu:

A.        Hadits Ghorib ( الغريب ) nyaeta anu diriwayatkeun ku hiji rowi sanajan dina tingkatan kahiji hungkul.  Contohna hadits riwayat Umar bin Khotthob:

سَمِعْتُ رَسُولَ اللهِ ﷺ يَقُولُ إِنَّمَا الْأَعْمَالُ بِالنِّيَّاتِ وَإِنَّمَا لِكُلِّ امْرِئٍ مَا نَوَى، فَمَنْ كَانَتْ هِجْرَتُهُ إِلَى اللهِ وَرَسُولِهِ فَهِجْرَتُهُ إِلَى اللهِ وَرَسُولِهِ، وَمَنْ كَانَتْ هِجْرَتُهُ لِدُنْيَا يُصِيبُهَا أَوِ امْرَأَةٍ يَنْكِحُهَا فَهٍجْرَتُهُ إِلَى مَا هَاجَرَ إَلَيْهِ. رَوَاهُ الْبُخَارِيُّ وَمُسْلِمٌ

B.        Hadits Aziz ( العزيز ) nyaeta anu diriwayatkeun ku dua atawa tilu rowi sanajan dina tingkatan kahiji hungkul. Contohna hadits riwayat Anas bin Malik sareng Abu Horoiroh:

لَا يُؤْمِنُ أَحَدُكُمْ حَتَّى أَكُونَ أَحَبَّ إِلَيْهِ مِنْ وَالِدِهِ وَوَلَدِهِ وَالنَّاسِ أَجْمَعِينَ.

C.        Hadits Masyhur ( المشهور ) nyaeta anu diriwayatkeun ku langkung ti tilu rowi tapi teu dugika kana tingkatan bilangan mutawatir. Keterangan ieu numutkeun Syeikh al Baiquni, numutkeun ulama sanesna mah hadist aziz diriwayatkeun ku dua rowi, hadits masyhur diriwayatkeun ku tilu rowi atanapi langkung. Contohna hadits riwayat Abdullah bin Amr bin Ash, Ziyad bin Labid, Aisyah, jeung Abu Huroiroh:

إِنَّ اللَّهَ لَا يَقْبِضُ الْعِلْمَ انْتِزَاعًا يَنْتَزِعُهُ مِنْ النَّاسِ وَلَكِنْ يَقْبِضُ الْعِلْمَ بِقَبْضِ الْعُلَمَاءِ حَتَّى إِذَا لَمْ يَتْرُكْ عَالِمًا اتَّخَذَ النَّاسُ رُءُوسًا جُهَّالًا فَسُئِلُوا فَأَفْتَوْا بِغَيْرِ عِلْمٍ فَضَلُّوا وَأَضَلُّوا

 

WARNA -WARNA HADITS SANESNA

·        Hadits Mu’an’an  ( المعنعن ) nyaeta hadits anu diriwayatkeun ngangge lafazh عن   tanpa lafadz shorih kana ngadangu , nyaritakeun atau ngabarkeun. Contohna hadits riwayat Ibnu Majah:

حدثنا عُثْمان بنُ أبي شَيْبَةَ ثنا مُعَاوِيَة بن هِشام ثنا سُفيان عن أُسامَةَ بن زيد عن عثمان بن عُروة عن عروة عن عائشة قالت قال رسول الله ﷺ إِنَّ اللهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى مَيَامِنِ الصُّفُوفِ.

·        Hadits Mubham ( المبهم ) nyeta anu teu disebutkeun nami rowina balikta disamarkeun. Contona:

حديث رَافِعِ بْنِ خَدِيجٍ عَنْ عَمِّهِ أَنَّ النَّبِيَّ ﷺ نَهَى عَنِ الْمُخَابَرَةِ.

Rofi teu nyebatkeun nami dulur ramana, dina riwayat anu sanes kauninga yen namina teh Zhuhair bin Rofi

·        Hadits/ Sanad Ali ( السند العالي ) nyaeta anu saalit rowina dibanding jalur sanesna

·        Hadits/ Sanad Nazil  ( السند النازل ) anu seueur rowina dibanding jalur sanesna. Contoh sanad ali sapertos hadits riwayat Imam Bukhori:

حَدَّثَنَا الْمَكِّيُّ بن إبراهيم قال حدثنا يَزِيد بن أبي عُبَيْد عن سَلَمَةَ قال كُنَّا نُصَلِّي مع النبيِّ ﷺ المَغْرِبَ إذَا تَوَارَتْ بِالحِجَابِ

Hadits ieu kasebat sanad ali dibandingkeun hadits anu sami riwayat Imam Muslim:

حدثنا قُتَيْبَةُ بنُ سَعِيدٍ حدثنا حَاتِمٌ وهو بن إسماعيلَ عن يَزِيدَ بنِ أبي عُبَيدٍ عن سَلَمَةَ بنِ الْأَكْوَعِ أَنَّ رَسُولَ اللهِ ﷺ كَانَ يُصَلِّي الْمَغْرِبَ إِذَا غَرَبَتِ الشَّمْسُ وتَوَارَتْ بالحِجَابِ.

Hadits ieu kasebat sanad nazil dibandingkeun hadits riwayat Imam Bukhori tadi.

 

BABAGIAN HADITS  4

Ngai’tibar kana ditarima sareng ditolakna:

1.         Hadits Maqbul  ( المقبول ) /ditarima nyaeta hadits shohih jeung hasan.

2.         Hadits Mardud   ( المقبول ) /ditolak nyaeta hadits dho’if. Hadits mardud  kabagi 2 nyaeta: mardud sabab aya sanad anu gugur, jeung sabab aya cacad di rowi.

A.      Hadits mardud sabab aya sanad anu gugur seueur rupana, nyaeta: 1) mursal, 2) munqothi’, 3) mu’dhol, 4) mudallas, 5) mu’allaq.

B.      Hadits mardud sabab aya cacad di rowi aya sababaraha bagian, nyaeta: 1) syadz, 2) maqlub, 3) mu’allal, 4) mudhthorib, 5) mudroj, 6) munkar, 7) matruk, 8) maudhu’.

 

Hadits Mardud Sabab Aya Sanad anu Gugur

v  Hadits Mursal ( المرسل ) nyaeta anu diangkat ku tabiin langsung ka Nabi. Contohna:

روى أبو داود في المراسيل عن أبى العالية قال ” جاء رجل في بصره ضر، فدخل المسجد ورسول الله يصلى بأصحابه فتردى في حفرة كانت بالمسجد، فضحكت طوائف منهم، فلما قضى رسول الله أمر من كان ضحك منهم أن يعيدوا الوضوء ويعيدوا الصلاة “

v  Hadits Munqoti’  ( المنقطع ) nyaeta anu gugur tina sanadna hiji rowi sateuacan sahabat dina hiji tempat contohna:

روى عبد الرزاق عن الثوري عن أبي إسحاق عن زيد بن يثيع عن حذيفة مرفوعا إن وليتموها أبا بكر فقوي أمين

Gugur hiji rowi di antara at Tsauri jeung Abu Ishaq nyaeta Syarik.

v  Hadits Mu’dhol ( المعضل ) nyaeta anu gugur tina sanadna dua rowi bari tuluy-tuluy sapertos ucapan Imam Malik:

بلغني عن أبي هريرة أن رسول الله ﷺ قال للمملوك طعامه وكسوته بالمعروف ولا يكلف من العمل إلا ما يطيق

Gugur dua rowi tina ieu hadits nyaeta Muhammad bin ‘Ajlan sareng ramana.

v  Hadits Mudallas ( المدلّس ) nyaeta anu zhohirna sae padahal aya cacat anu samar dina sanadna. Mudallas kabagi 2 nyaeta:

·        Tadlisul Isnad ( تدليس الإسناد ) nyaeta rowi teu nyebutkeun guruna tapi langsung ka saluhureun guruna ngangge lafaz anu teu shorih saperti عن

·        Tadlisus Syuyukh ( تدليس الشيوخ ) nyaeta rowi teu ngagugurkeun guruna tapi nyebutkeun sifat anu teu masyhur ti guruna. Contohna ucapan Abu Bakr bin Mujahid:

 "حدثنا عبد الله بن أبي عبد الله" anu dimaksud ku anjeuna nyaeta Abdullah bin Abu Dawud as Sijistani.

v  Hadits Mu’allaq ( المعلّق ) nyaeta anu gugur tina awal sanadna hiji rowi atanapi langkung, saperti ucapan tabit tabiin “ngadawuh sohabat” sareng sapertos hadits:

قال ابن عبد البر: ثبت عن النبي ﷺ أنه قال ما من مسلم يمر على قبر أخيه كان يعرفه في الدنيا فيسلم عليه إلا رد الله عليه روحه حتى يرد عليه السلام

 

Hadits Mardud Sabab Aya Cacad di Rowi

v  Hadits Syaddz ( الشاذّ ) nyaeta rowi anu tsiqoh nyulayaan ka rowi-rowi tsiqoh sanesna atanapi ka hiji rowi anu leuwih tsiqoh ku nambahan atawa ngurangan boh dina sanad atanapi dina matan.

·     Contoh hadits syaddz  dina sanad riwayat Hammad bin Zaid:

عَنْ عَمْرِو بْنِ دِينَارٍ عَنْ عَوْسَجَةَ أَنَّ رَجُلًا مَاتَ عَلَى عَهْدِ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَلَمْ يَدَعْ لَهُ وَارِثًا إِلَّا عَبْدًا هُوَ أَعْتَقَهُ فَدَفَعَ النَّبِيُّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ مِيرَاثَهُ إِلَيْهِ

Hammad bin Zaid anu mangrupikeun rowi tsiqoh nyulayaan rowi-rowi tsiqoh sanesna nyaeta Sufyan bin ‘Uyainah sareng Abdul Malik bin Juroij sakira anjeuna duaan ngariwayatkeun ieu hadits ti Amr bin Dinar ti ‘Ausajah ti Ibnu Abbas.

·     Contoh hadits syaddz dina matan tambahan lafazh “يوم عرفة” dina hadits:

يوم عرفة ويوم النحر وأيام التشريق عيدنا أهل الإسلام وهي أيام أكل وشرب 

Ieu hadits dina sadayana jalur tanpa aya lafazh “يوم عرفة” tambahan ieu hungkul aya dina riwayat Musa bin Ali bin Robah ti ramana ti ‘Uqbah bin ‘Amir.

v  Hadits Maqlub ( المقلوب ), hadits maqlub aya dua rupi:

·     Ngaganti hiji rowi anu masyhur kalawan hadits tertentu ku rowi sanesna dina tingkatana supaya jadi ghorib anu dipika resep. Contohna hadits anu diriwayatkeun ku ‘Amr bin Kholid al Haroni ti Hammad bin ‘Amr an Nashibi ti A’masy ti Abu Sholih ti Abu Huroiroh rupi hadist marfu’:

إذا لقيتم المشركين في الطريق فلا تبدءوهم بالسلام (الحديثَ)

Ieu hadits sakumaha kasauran al ‘Uqoili dirobih sanadna ku Hammad bin ‘Amr, sanad anu masyhur ti Suhail bin Abu Sholih ti ramana ti Abu Huroiroh, sanes ti A’masy.

·     Ngaganti sanad sampurna pikeun hiji hadits ku sanad sampurna hadits sanesna kalayan tujuan ngetes/nyoba hapalan muhaddits.

v  Hadits Mu’allal ( المعلّل ) nyaeta anu zhohirna salamet tapi aya cacat saatos dipariksa contohna hadits riwayat Ibnu Juroij dina riwayat at Tirmidzi sareng nu sanesna ti Musa bin ‘Uqbah ti Suhail bin Abu Sholih ti ramana ti Abu Huroiroh kangjeng Nabi ﷺ ngadawuh:

من جلس مجلسًا كثُر فيه لَغطُه فقال قبل أن يقومَ سبحانك اللَّهمَّ وبحمدِك لا إلهَ إلَّا أنت أستغِفرُك وأتوبُ إليك إلَّا غُفر له ما كان في مجلسِه ذلك

Hadits ieu saleresna diriwayatkeun ku Musa bin ismail ti Wuhaib bin Kholid al Bahili ti Suhail anu disebutkeun tadi ti ‘Aun bin Abdillah, numawi al Bukhori nyebetkeun yen ieu hadits mu’allal, anjeuna ngadawuh “Ieu hadits diriwayatkeun ti Musa bin Ismail, anapon Musa bin ‘Uqbah maka teu diuningan anjeuna nguping ieu Hadits ti Suhail anu dittos disebatkeun.” 

v  Hadits Mudhthorib ( المضطرب ) nyaeta anu sanadna atanapi matana beda-beda ti para rowi ku miheulakeun atanapi mandeurikeun atanapi nambahan/ngurangan

·     Contohna dina sanad hadits:

إذا صلى أحدكم فَلْيَجْعَلْ تِلْقَاءَ وجهه شيئا، فإن لم يجد، فلينصب عصا، فإن لم يجد، فَلْيَخُطَّ خَطًّا، ثم لا يَضُرُّهُ مَا مَرَّ بَيْنَ يديه

Bisyr bin al Mufadhol sareng Ruh bin al Qosim ngariwayatkeun ieu hadits ti Ismail bin Umayyah ti Abu ‘Amr bin Muhammad bin Harits ti ramana ti Abu Huroiroh. Rowi-rowi salian Bisyr sareng Ruh ngariwayatkeun ieu hadits ti Ismail bin Umayyah ku jalur anu beda-beda.

·     Contoh dina matan hadits Fathimah binti Qois anjeuna ngadawuh “ kuring naros kanjeng Nabi ﷺ atanapi kanjeng Nabi ﷺ ditaros ngeunaan zakat maka anjeuna ngawaler:

إن في المال حقا سوى الزكاة   

Sapertos kieu diriwayatkeun ku at Tirmidzi, sedengkeun Ibnu Majah ngariwayatkeuna ti Fathimah binti Qois tadi ku lafazh:

ليس في المال حق سوى الزكاة     

v  Hadits Mudroj ( المدرج ) nyaeta anu aya lafadz tambahan ti para rowi bari nyambung jeung disangka kalebet matan hadits. Contohna:

أسبغوا الوضوء ويل للأعقاب من النار

Hadits ieu diriwayatkeun ku Syababah bin Sawwar saner rowi sanesna ti Syu’bah ti Muhammad bin Ziyad ti Abu Hurairoh kalawan ngamarfu’keun dua jumlah, anu saleresna dawuhan kanjeng Nabi ﷺ mung ويل للأعقاب من النار anapon jumlah أسبغوا الوضوء  eta dawuhan Abu Huroiroh. 

v  Hadits Munkar ( المنكر ) nyaeta dimana-mana rowi nyorangan kalawan ngariwayatkeuna anu rowi ieu teu nepi kana derjat dihampura lamun beda ka rowi sanesna, gambarana rowina dho’if atawa mastur (teu masyhur sifat tsiqohna). Contohna Hadits anu diriwayatkeun ku an Nasai sareng Ibnu Majah tina riwayat Abu Zukair Yahya bin Muhammad bin Qois ti Hisyam bin ‘Urwah ti ramana ti Aisyah rupa hadits marfu’:

كُلُوا الْبَلَحَ بِالتَّمْرِ فإن ابن آدم إذا أكله غضب الشيطان

An Nasai ngadawuh ieu hadits munkar, Abu Zukair nyorangan dina ngariwayatkeuna, anjeuna jalmi soleh tapi teu nepi kana darajat dihampura lamun sorangan dina ngariwayatkeun.

v  Hadits Matruk ( المتروك ) nyaeta anu diriwayatkeun hungkul ku rowi anu disepakati dho’ifna karna dicurigai bohong atawa fasiq atawa loba poho atawa loba salah. Contohna  hadits riwayat ‘Amr bin Syamir al Ju’fi al Kufi ti Jabir bin Abit Thufail ti Ali sareng ‘Ammar

كان النبي صلى الله عليه وسلم يقنت في الفجر ويكبر يوم عرفة من صلاة الغداة ويقطع التكبير بعد صلاة العصر آخر أيام التشريق

An Nasai sareng ad Daroquthni oge nu sanesna ngadawuh ‘Amr bin Syamir rowi matruk.

v  Hadits Maudhu’ ( الموضوع ) nyaeta anu dibohongkeun jeung dijieun-jieun jeung dikarang atas nama kanjeung Nabi. Contohna:

 لقيمة في بطن جائع خير من بناء ألف جامع

 

BABAGIAN HADITS SANESNA

v  Hadits Fard ( الفرد ) nyaeta hadits anu diqaidan ku hiji rowi tsiqoh atawa sagolongan ahli nagara atawa teu  ngariwayatkeun ti fulan anging fulan.

·     Contoh diqaidan ku hiji rowi tsiqoh:

 كَانَ ‏ ‏يَقْرَأُ فِي الأضحى والفطر‏ ‏بق وَالْقُرْآنِ الْمَجِيدِ ‏ ‏وَاقْتَرَبَتْ السَّاعَةُ وَانْشَقَّ الْقَمَرُ

Teu aya rowi tsiqoh anu ngariwayatkeun ieu hadits salian Dhomroh bin Sa’id al Mazini, anjeuna nyorangan kalawan ieu hadits ti Ubaidullah bin Abdillah ti Abu Waqid al Laitsi (HR. Muslim, At Tirmidzi, Abu Dawud)

·     Contoh diqaidan ku sagolongan ahli nagara:

حَديث أَبُو داود الطَّيَالِسِيّ عن هَمَّام عَنْ قَتَادَةَ عَنْ أَبِي نَضْرَةَ عَنْ أَبِي سَعِيدٍ الخدري قَالَ أَمَرَنَا رسول الله ﷺ أَنْ نَقْرَأَ بِفَاتِحَةِ الْكِتَابِ وَمَا تَيَسَّرَ

Al Hakim ngadawuh nyebutkeun parentah ieu mung diriwayatkeun ku ahli Bashroh ti awal sanad dugi ka akhir

·     Contoh diqaidan ku rowi tertentu ti hiji rowi hadits riwayat ashhabus sunan anu opat  )ِAbu Dawud, an Nasai, at Tirmidzi, Ibnu Majah) ti jalur Sufyan bin ‘Uyainan ti Wail bin Dawud ti putrana Bakr bin Wail ti az Zuhri ti Anas

أن النبي صلى الله عليه وسلم أولم على صفية بسويق وتمر

Abul Fadhl bi Thohir ngadawuh “ Ieu hadits ghorib teu diriwayatkeun ti Bakr anging ku ramana, jeung teu diriwayatkeun ti Wail anging ku Ibnu ‘Uyainah”.

v  Mudabbaj/ Riwayatul Aqron ( المدبج وَرواية الأقران ) nyaeta anu diriwayatkeun ku rowi ti rowi anu satingkatan, saperti lamun Abu Hurairoh ngariwayatkeun ti Aisyah, Malik ti al Auza’i atanapi sabalikna.

v  Muttafiq Muftariq ( المتّفق وَالمفترق ) nyaeta dimana-mana nami nami rowina sami dina lafadz jeung tulisan tapi beda jalmina, saperti Abdullah nami ti sahabat Ibnu Umar, Ibnu Zubair, Ibnu Abbas, Ibnu ‘Amr bin al ‘Ash, jeung Ibnu Mas’ud. al Kholil bin Ahmad namii ti 6 rowi.

v  Mu`talif Mukhtalif ( المؤتلف وَالمختلف ) nyaeta dimana-mana sami nami rowina dina tulisan mung beda pelafazhana saperti  أسيد  aya anu namina usaid aya anu asid , عمارة sadayana umaroh anging sahabat Ubai bin Imaroh

 

Kitab-kitab Hadits anu Masyhur

صحيح البخاري، محمد بن إسماعيل ( ت 256 هـ)

صحيح مسلم ( ت 261 هـ)

صحيح ابن خزيمة، محمد بن إسحاق ( ت 311 هـ)

صحيح ابن حبان، محمد بن حبان  ( ت 354 هـ)

المستدرك على الصحيحين للحاكم (ت 405 هـ)

سنن أبي داود (ت 275 هـ)

سنن الترمذي ( ت 279 هـ)

سنن النسائي، أحمد بن شعيب ( ت 302 هـ)

سنن ابن ماجه (ت 275 هـ)

سنن الدارمي، عبد الله بن عبد الرحمن ( ت 255 هـ)

سنن البيهقي، أحمد بن الحسين (ت 458 هـ)

سنن الدارقطني (ت 385 هـ)

موطأ مالك بن أنس (179)

مسند أحمد بن حنبل (214 هـ)

مسند أبي يعلى، أحمد بن علي المثنى الموصلي (307 هـ)

مسند الفردوس لأبي منصور الديلمي (ت 558 هـ)

مسند البزار (ت 558 هـ)

المعجم الكبير : للطبراني، أبي القاسم سليمان بن أحمد ( 292 هـ)

   

Wednesday, September 18, 2024

Cara Mencuci Sarung BHS, serial merawat sarung BHS


Cara Mencuci Sarung BHS agar Tetap Cerah dan Awet

Sarung premium seperti BHS, Ketjubung dll apalagi hasil tenun tangan atau ATBM (alat tenun bukan mesin memerlukan perawatan yang berbeda dengan sarung biasa. Agar sarung tersebut awet dan warnanya tetap cerah harus dicuci sesuai panduan.  Panduan mencuci biasanya tertera pada hang tag yang digantungkan pada label logo. Berikut ini saya uraikan cara pencucian sarung BHS atau sarung premium lainnya berdasarkan panduan dan pengalaman pribadi saya.


1. Siapkan dua wadah air, untuk mencuci/ merendam, dan membilas. Dua wadah ini lebih memudahkan dalam pembilasan, setelah mencuci bisa langsung dibilas tanpa jeda. Sebaiknya tidak langsung membilas sarung pada aliran keran, karena mungkin saja dapat merusak warna.


2. Tuangkan sabun lerak secukupnya, sebaiknya tidak memakai sampo atau pewangi apalagi ditergen. Sabun lerak ini adalah sabun organik dari buah lerak anda bisa mendapatkannya dengan mudah di  online shop

Dalam panduan biasanya hanya disarankan menggunakan air, tapi air saja tidak menghilangkan bakteri. Banyak orang menggunakan sampo atau cairan pewangi, berdasarkan pengalaman saya sampo atau pewangi ini bisa memudarkan warna sarung meski tidak sekuat detergen. Kalau sabun lerak ini sudah saya buktikan aman tidak merusak warna. Untuk penggunaan sabun lerak ini tidak perlu banyak, gunakan tutup botol agar bisa kita atur banyaknya, satu tutup botol atau kurang sudah cukup untuk air satu ember atau baskom.

3. Celupkan sarung dan angkat berulang kali dalam kondisi bagian dalam sarung  dibalik ke luar, kalau perlu direndam sebentar saja. Beberapa corak sarung sutra apalagi produksi lawas sangat mudah pudar warnanya atau warna melebar ke pinggir, seperti motif KDT, KBS, KES. Yang mudah pudar warnanya disarankan tidak direndam. Adapun motif-motif baru tidak mengapa direndam sebentar sekitar 5 sampai 10 menit.


4. Bilas sarung sampai hilang semua busa sabun pada ember/ baskom yang sudah terisi air banyak.


5. Peras dengan lembut, tidak perlu terlalu kuat, biarkan air nanti meneter sampai habis saat penjemuran saja


6. Jemur sarung BHS dengan membentangkanya pada dua pipa/ bambu, bagian bawahnya diberi pemberat, hindari sinar matahari langsung, pastikan kondisi sarung terbalik, bagian luar sarung jadi di dalam dan pastikan tidak ada kerutan atau lipatan. Kalau tempat menjemur berpotensi terpapar sinar matahari langsung sebaiknya menjemur sarung pada sore atau malam hari, pagi hari sudah bisa diangkat. Walau tidak terkena sinar matahari langsung dengan cara dibentang sarung akan kering dengan cepat.


Pada foto di atas pipa bagian bawah itu sudah saya isi adukan pasir dan semen jadi sudah berat tidak perlu beban tambahan. Mengapa harus dibentang seperti ini?, ya agar bentuk tenunan sarung tetap rapi tidak mencong. Sarung tenun manual apalagi yang sangat rapat kalau tidak dibentang beberapa bagiannya akan menarik bagian lain jadi tampak tidak simetris ukuran panjang atau lebarnya. Dibentang saja suka berubah beberapa bagian apalagi kalau tidak dibentang. Alasan lainnya adalah agar warna sarung tidak bertumpuk atau pindah pada bagian lain. Kalau sarung berbahan sutra tidak dibentang maka sarung akan kusut dan tidak bisa rapi meski disetrika.

Lalu apakah sarung berbahan sutra atau mercerized cotton perlu disetrika?. Sarung premium kalau sudah dibentang saat penjemuran sudah rapi kembali, kerutan dan bekas lipatannya hilang jadi tidak perlu lagi disetrika. 

Adapun sarung BHS kelas Cosmo, Infinity, Classic, Excellent, atau sarung Ketjubung Platinum kerutannya tidak hilang semua, boleh disetrika dengan panas rendah dan jangan menggosok bagian stempel logo. 

Demikian pengalaman saya mencuci dan menjemur sarung BHS atau sarung premium lainnya, semoga bermanfaat.

Thursday, July 25, 2024

Serial Merawat Sarung BHS, Melipat Sarung BHS

Cara Melipat Sarung BHS Setelah Dipakai

Sarung BHS atau sarung premium lainnya yang dibuat dengan ATBM (alat tenun bukan mesin) sebaiknya jangan terlalu sering dicuci. Kalau baru sekali atau dua kali pemakaian sebaiknya sarung BHS dilipat lagi agar tampak rapi tidak kusut saat dipakai kembali.

Ini langkah-langkah melipat sarung BHS:

Video Tutorial Melipat Sarung BHS

1. Lipat bagi dua dari atas ke bawah, gosok dengan tangan untuk merapihkan bagian yang kusut. Usahakan agar jarak antara logo BHS ke lipatan pinggir sama dengan jarak letter BHS di tumpal belakang ke lipatan pinggirnya, ini agar bagian logo dan tumpal belakang nanti berada di atas. Kalau ingin mudah bisa dilipat pada sambungan/ jahitan.



2. Setelah dibagi dua kemudian dibagi tiga lipatan lagi.


3. Kemudian samping kanan dan kiri dilipat ke tengah.

4. Lipatlah sekali lagi, baru satukan lipatan kanan dengan kiri.



Dengan cara ini sarung BHS yang telah dipakai akan tampak lebih rapi, dan bagian-bagian yang kusut akan berkurang, apalagi bila bahan sarungnya sutra, pasti lebih cepat rapi dan hilang kusutnya. 

kalau sarung sebatas digantung ya tetap kusut apalagi kalau melipatnya sembarangan, tambah tidak jelas bekas lipatannya.

IHRAM, PENGERTIAN DAN LARANGANNYA

  IHRAM, PENGERTIAN DAN LARANGANNYA   Assalamu ‘alaikum warahmatullahi wabarakatuh Sahabat-sahabat pembaca, calon jamaah haji yang All...