Download Terjemah Kitab Safinatunnaja Bahasa Sunda
Assalamu 'alaikum warahmatullahi wabarakatuhSahabat-sahabat pembaca yang Allah rahmati, pada postingan ini saya share terjemah kitab safinatunnaja dengan bahasa sunda. Silahkan download filenya dengan format PDF di akhir postingan, semoga bermanfaat. Tinggalkan komentar, jangan lupakan doa untuk hamba faqir ini, terima kasih.
Wassalamu 'alaikum warahmatullahi wabarakatuh
بسم الله الرحمن الرحيم
الحمد
لله رب العالمين. وبه نستعين على أمور الدنيا والدين. وصلى الله وسلم على سيدنا
محمد خاتم النبيين، وآله وصحبه أجمعين. ولاحول ولا قوة إلا بالله العلي العظيم.
Sadaya puji kagungan
Allah Pangeran sadaya alam. Namung ka Anjeuna urang nyuhungkeun pitulung dina
urusan-urusan dunia jeung agama. Mugi Allah nambihan rohmat anu disarengan ku
ta’zhim sareng nambihan
panghurmatan ka kanjeng
Nabi Muhammad panutup para Nabi, ka sadaya kulawargina
oge sahabatna. Teu aya daya sareng kakiatan
angin kalawan pitulung Allah anu maha luhur tur agung.
(فصل)
أركان الإسلام خمسة: شهادة أن لا إله إلا الله وأن محمدا رسول الله وإقام الصلاة، وإيتاء
الزكاة، وصوم رمضان، وحج البيت من استطاع إليه سبيلا.
﴾Fasal﴿ Rukun
Islam aya lima: 1) Nyakseni
saenyana teu aya Pangeran anging
Allah jeung saenyana Muhammad utusan Allah. 2) Ngadegkeun sholat. 3) Mayar
zakat. 4) Puasa
di bulan Romadhon. 4) Munggah
haji ka Baitullah pikeun jalma anu
kawasa ngalankonan perjalanana.
(فصل ) أركان الإيمان ستة: أن تؤمن بالله، وملائكته، وكتبه، ورسله،
وباليوم الآخر، وبالقدر خيره وشره من الله تعالى.
Rukun iman aya genep: 1) Iman
ka Allah. 2) Iman
ka para Malaikat Allah. 3) Iman
kana Kitab-Kitab
Allah. 4) Iman
ka para Rosul Allah. 5)
Iman kana poe akhir. 6) Iman kana qodar boh anu sae atanapi awon sadayana ti Allah.
(فصل
) ومعنى لا إله إلا الله لا معبود بحق في الوجود إلا الله.
﴾Fasal﴿ Makna
kalimat “la ilaha illallah” eta teu aya pangeran anu disembah kalawan
haq (di
alam wujud) anging Allah.
(فصل ) علامات البلوغ ثلاث: تمام خمس عشرة سنة في الذكر والأنثى، والاحتلام في الذكر
والأنثى لتسع سنين، والحيض في الأنثى لتسع سنين.
﴾Fasal﴿ Ciri-ciri
baligh aya tilu:
1.
Sampurna umur 15
tahun (hijriah) di pameget jeung istri.
2.
Kaluar mani di pameget
jeung istri dina umur salapan tahun.
3.
Haid di istri dina umur 9 tahun
(فصل) شروط إجزاء الحجر ثمانية: أن يكون بثلاثة أحجار، وأن ينقي
المحل، وألا يجف النجس، ولا ينتقل، ولا يطرأ عليه آخر، ولا يجاوز صفحته وحشفته، ولا يصيبه ماء، وأن تكون
الأحجار طاهرة.
﴾Fasal﴿ Syarat-syarat
cukupna susuci ku batu aya dalapan:
1.
Kudu ngangge tilu batu.
2.
Kudu ngabersihkeun tempat kaluar
najis
3.
Najisna ulah kaburu garing.
4.
Najisna ulah pindah.
5.
Ulah kadatangan najis anu sejen.
6.
Najisna ulah ngaliwatan lempitan bobokong
atawa hasyafah.
7.
Najisna ulah kakeunaan cai.
8.
Batuna kudu suci.
(فصل ) فروض الوضوء ستة: الأول النية، الثاني غسل الوجه، الثالث
غسل اليدين مع المرفقين، الرابع مسح شيء من الرأس، الخامس غسل الرجلين مع الكعبين،
السادس الترتيب.
﴾Fasal﴿ Fardu
wudhu aya genep: 1) Niat. 2) Ngawasuh wajah. 3) Ngawasuh dua panangan sarta dua siku. 4) Ngusap sawareh mastaka. 5) Ngawasuh
dua sampean
sarta dua mumuncangan. 6) Tartib.
(فصل ) النية قصد الشيء
مقترنا بفعله، ومحلها القلب والتلفظ بها سنة، ووقتها عند غسل أول جزء من الوجه.
والترتيب ألا يقدم عضوا على عضو.
﴾Fasal﴿ Niat
teh nyaeta neja hiji perkara bari dibarengan ku migawena. Ari tempatna niat eta
dina hate, sedengkeun hukum ngalafazhkeuna mah sunat. Ari waktuna niat wudhu eta dina nalika ngawasuh mimiti bagian tina wajah. Ari
tartib nyaeta henteu miheulakeun anggota anu pandeuri kana
anggota anu
tiheula.
(فصل ) الماء قليل وكثير. القليل ما دون القلتين. والكثير قلتان
فأكثر. القليل يتنجس بوقوع النجاسة فيه وإن لم يتغير. والماء الكثير لا يتنجس إلا
إذا تغير طعمه أو لونه أو ريحه.
﴾Fasal﴿ Ari
cai eta aya cai saeutik jeung
cai loba. Cai saeutik eta anu kurang tina
dua qullah. Cai loba mah eta anu nepi dua
qullah atawa leuwih.
Cai saeutik eta jadi
najis sabab kapuragan najis sanajan teu barobah. Cai loba mah
lamun kapuragan najis teu jadi najis kajaba lamun robah salah sahiji tina rasana, rupana, atawa ambeuna.
(فصل ) موجبات الغسل ستة: إيلاج الحشفة في الفرج، وخروج المني،
والحيض، والنفاس، والولادة، والموت.
﴾Fasal﴿ Perkara
anu ngawajibkeun adus aya genep: 1) Ngalebetkeun
hasyafah kana farji. 2) Kaluar
cai mani. 3) Haid. 4) Nifas. 5) Ngalahirkeun . 6) Maot.
(فصل ) فروض الغسل اثنان: النية، وتعميم البدن بالماء.
﴾Fasal﴿ Fardu
adus eta aya dua: 1) niat, 2) ngawalatraan sakabeh awak ku cai.
(فصل
) شروط الوضوء عشرة: الإسلام، والتمييز، والنقاء عن الحيض، والنفاس، وعما يمنع
وصول الماء إلى البشرة، وألا يكون على العضو ما يغير الماء، والعلم بفرضيته، وألا
يعتقد فرضا من فروضه سنة، والماء الطهور، ودخول الوقت، والموالاة لدائم الحدث.
﴾Fasal﴿ Syarat-syarat
wudhu jeung
adus aya sapuluh: 1) Islam. 2) Tamyiz. 3)
Bersih
tina haid jeung nifas. 4) Bersih tina perkara anu ngahalangan nepina cai kana kulit. 5) Ulah aya anu ngarobah kana cai dina anggota wudhu. 6) Apal kana kafarduan wudu. 7) Ulah nekadkeun yen salah sahiji tina fardu-fardu
wudhu teh sunat. 8) Cai anu nyucikeun. 9) Manjing waktu.10) Tuluy-tuluy, dua syarat terakhir ieu pikeun
jalma anu langgeng hadats.
(فصل ) نواقض الوضوء أربعة أشياء: الأول الخارج من أحد السبيلين من
قبل أو دبر ريح أو غيره إلا المنى. الثاني زوال العقل بنوم أو غيره إلا نوم قاعد
ممكن مقعده من الأرض. الثالث التقاء بشرتي رجل وامرأة كبيرين أجنبيين من غير حائل.
الرابع مس قبل الآدمي أو حلقة دبره ببطن
الراحة أو بطون الأصابع.
﴾Fasal﴿ Perkara
anu ngabatalkeun kana wudhu aya 4:
1.
Aya anu kaluar tina salah sahiji dua palawangan salian
mani.
2.
Leungit akal (kasadaran)
sabab sare atawa saliana, anging sabab sare bari diuk anu netepkeun bobokong kana taneuh.
3.
Paantel kulit lalaki jeung awewe anu pada gede duanana tur deungeun-deungeun (sanes
mahrom).
4.
Nyabak qubul anak Adam
atawa bobolong duburna ku beubeuteung dampal panangan atawa beubeuteung ramo.
(فصل ) من انتقض وضوءه حرم عليه أربعة أشياء: الصلاة، والطواف، ومس
المصحف، وحمله.
﴾Fasal﴿ Jalma
anu batal wudhuna
haram migawe 4
perkara: 1) Shalat. 2) Thawaf. 3) Nyabak
mushaf. 4) Mawa mushaf.
ويحرم
على الجنب ستة أشياء: الصلاة، والطواف، ومس المصحف، وحمله، واللبث في المسجد،
وقراءة القرآن.
Jeung haram ka jalma anu junub 6 perkara: 1) Shalat,
2) Thawaf, 3) Nyabak mushaf, 4) Mawa
mushaf, 5) Cicing di masjid, 6) Maca qur`an.
ويحرم
بالحيض عشرة أشياء: الصلاة، والطواف، ومس المصحف، وحمله، واللبث في المسجد،
وقراءة القرآن، والصوم، والطلاق، والمرور
في المسجد إن خافت تلويثه، والاستمتاع بما بين السرة والركبة.
Jeung aram sabab haid sapuluh perkara: 1) Shalat, 2) Thawaf, 3) Nyabak mushaf, 4) Mawa mushaf, 5) Cicing
di masjid, 6) Maca qur`an, 7) puasa, 8) ditalaq, 9) ngaliwat di masjid
lamun sieun ngecretan masjid, 10) dialap suka antara bujal jeung tuur.
(فصل)
أسباب التيمم ثلاثة: فقد الماء، والمرض، والاحتياج إليه لعطش حيوان محترم. غير المحترم ستة: تارك الصلاة،
والزاني المحصن، والمرتد، والكافر الحربي، والكلب العقور، والخنزير.
﴾Fasal﴿ Sabab-sabab
tayammum aya tilu: 1) Teu aya cai. 2) Gering,
3) Dibutuhkeuna cai karna hausna
hayawan anu dimulyakeun syara’.
Hayawan anu teu
dimulyakeun syara’ aya genep:
1.
Jalma anu ninggalkeun shalat 4. Jalma kafir anu
merangan
2.
Jalma zina anu muhshon 5. Anjing anu sok ngegel
3.
Jalma anu murtad 6. Celeng
(فصل) شروط التيمم عشرة: أن يكون بتراب، وأن يكون التراب طاهرا،
وألا يكون مستعملا، ولا يخالطه دقيق ونحوه، وأن يقصده، وأن يمسح وجهه ويديه
بضربتين، وأن يزيل النجاسة أولا، وأن يجتهد في القبلة قبله، وأن يكون التيمم بعد
دخول الوقت، وأن يتيمم لكل فرض.
﴾Fasal﴿ Syarat-syarat
tayammum aya sapuluh:
1.
Kudu ngangge taneuh anu
aya kekebulna
2.
Taneuhna kudu suci
3.
Taneuhna ulah musta’mal
(urut dipake)
4.
Taneuhna ulah kacampuran ku tipung atanapi samisalna
5. Neja kana taneuh
6.
Ngusap wajah jeung dua panangan kalawan
dua tepukan
7.
Ngaleungitkeun heula najis
8.
Kudu ijtihad dina arah qiblah samemeh tayammum, tegesna
usaha mikanyaho arah qiblat
9.
Manjing waktu shalat
10. Sakali tayammum kangge
sakali shalat fardu.
(فصل)
فروض التيمم خمسة: الأول نقل التراب. الثاني النية. الثالث مسح الوجه. الرابع مسح
اليدين إلى المرفقين. الخامس الترتيب بين المسحتين.
﴾Fasal﴿ Fardu tayammum aya
lima: 1) Mindahkeun taneuh, 2) Niat, 3) Ngusap wajah, 4) Ngusap dua panangan sarta dua siku, 5)
Tartib.
Shighat niat tayammum:
(فصل) مبطلات التيمم ثلاثة: ما أبطل الوضوء، والردة، وتوهم الماء
إن تيمم لفقده.
﴾Fasal﴿ Perkara anu
ngabatalkeun kana tayammum aya tilu:
1.
Sakur anu ngabatalkeun kana wudhu
2.
Murtad, na’udzu billah
3.
Nyangka aya cai lamun tayammumna karna teu aya cai.
(فصل ) الذي يطهر من النجاسات ثلاث: الخمر إذا تخللت بنفسها، وجلد
الميتة إذا دبغ، وما صار حيوانا.
﴾Fasal﴿ Barang najis anu
bisa robah jadi suci aya tilu:
1.
Arak dimana-mana robah jadi cuka ku sorangan
2.
Kulit bangke lamun tos disamak
(فصل)
النجاسات ثلاث: مغلظة، ومخففة، ومتوسطة. المغلظة نجاسة الكلب والخنزير وفرع
أحدهما. والمخففة بول الصبي الذي لم يطعم غير اللبن ولم يبلغ الحولين. والمتوسطة
سائر النجاسات.
﴾Fasal﴿ Najis eta aya tilu
rupa: mughollazhoh, mukhoffafah, jeung mutawassithoh.
1.
Mughallazhoh, nyaeta najis anjing jeung celeng jeung
peranakanana
2.
Mukhoffafah, nyaeta cikiihna budak lalaki anu can
ngadahar nanaon salian susu jeung can nepi umur dua tahun.
3.
Mutawassithoh, nyaeta najis-najis saliana dua najis tadi.
(فصل
) المغلظة تطهر بسبع غسلات بعد إزالة عينها، إحداهن بتراب. والمخففة تطهر برش
الماء عليها مع الغلبة وإزالة عينها.
﴾Fasal﴿ Najis mughollazhoh
eta bisa suci ku tujuh kali wasuhan saatos leungit zat
najisna, anu salah sahijina
dicampuran taneuh. Najis mukhoffafah bisa suci ku nyipratkeun cai kana najisna bari leuwih loba cai tinimbang najis, jeung ngaleungitkeun zat najisna.
والمتوسطة
تنقسم على قسمين: عينية، وحكمية. العينية التي لها لون وريح وطعم، فلا بد من إزالة
لونها وريحها وطعمها. والحكمية التي لا لون ولا ريح ولا طعم، يكفيك جري الماء
عليها.
﴾Fasal﴿ Najis mutawassithoh
kabagi dua bagian: ‘ainiyyah, jeung hukmiyah.
1.
Mutawassithoh ‘ainiyyah, nyaeta najis anu ngabogaan
warna, ambeu atawa rasa, maka kudu leungit warnana,
ambeuna jeung rasana.
2.
Mutawassithoh hukmiyyah, nyaeta anu teu ngabogaan warna
ambeu jeung rasa. Cara nyucikeuna cukup ku ngalirkeun cai kana tempat anu
kanajisan.
(فصل)
أقل الحيض يوم وليلة. وغالبه ست أوسبع. وأكثره خمسة عشرة يوما بلياليها. أقل الطهر
بين الحيضتين خمسة عشرة يوما. وغالبه أربعة وعشرون يوما أو ثلاثة وعشرون يوما. ولاحد
لأكثره. أقل النفاس مجة. وغالبه أربعون يوما. وأكثره ستون يوما.
﴾Fasal﴿ Pang
saalitna haid eta
ukuran sapoe sapeuting.
Galibna genep atawa tujuh poe. Pang seueurna lima belas poe lima belas peuting.
Pang saalitna suci antara dua kali haid eta lima belas poe. Galibna dua puluh opat atanapi dua puluh tilu poe.
Sareng teu aya bates pangseueurna suci.
Pang saalitna nifas eta
sakali
kaluar getih, galibna opat puluh
dinten, pang seueurna mah genep puluh dinten.
(فصل ) أعذار الصلاة اثنان: النوم، والنسيان.
﴾Fasal﴿ ‘Udzur sholat aya dua: 1) sare, 2) poho.
(فصل) شروط الصلاة ثمانية: طهارة الحدثين، والطهارة عن النجاسة في
الثوب والبدن والمكان، وستر العورة،
واستقبال القبلة، ودخول الوقت، والعلم بفرضيتها، وألا يعتقد فرضا من فروضها سنة،
واجتناب المبطلات.
﴾Fasal﴿ Syarat-syarat
sholat aya dalapan:
1.
Suci tina dua hadats
2.
Suci tina najis dina pakean, badan jeung tempat.
3.
Nutupan aurat
4.
Madep ka qiblat
5.
Manjing waktu
6.
Apal kana kafarduan sholat
7.
Teu nekadkeun yen salah sahiji tina fardu shalat teh sunat
8.
Ngajauhan perkara-perkara anu ngabatalkeun.
الأحداث
اثنان: أصغر، وأكبر. فالأصغر ما أوجب الوضوء. والأكبر ما أوجب الغسل.
Hadats aya dua: hadats
leutik, jeung hadats gede. Hadats leutik eta sakur anu ngawajibkeun wudhu.
Hadats gede eta sakur anu ngawajibkeun adus.
العورات
أربع: عورة الرجل مطلقا والأمة في الصلاة ما بين السرة والركبة. وعورة الحرة في
الصلاة جميع بدنها ما سوى الوجه والكفين. وعورة الحرة والأمة عند الأجانب جميع
البدن. وعند محارمهما والنساء ما بين السرة والركبة.
Aurat eta kabagi opat:
1.
Aurat lalaki di jero oge luar sholat jeung auratna
amat (budak belian awewe) di jero sholat eta
antara bujal jeung tuur.
2.
Auratna istri anu merdeka di jero sholat eta sadayana
badana sajabi wajah jeung dua dampal panangan (sareng tonggongna).
3.
Aurat istri anu merdeka jeung amat di sandingeun lalaki
deungeun (sanes mahram) eta sadayana badan.
4.
Auratna istri anu merdeka jeung amat di sandingeun
mahramna jeung sandingeun papada istri eta antara bujal sareng tuur.
(فصل ) أركان الصلاة سبعة عشر: الأول النية. الثاني تكبيرة الإحرام.
الثالث القيام على القادر في الفرض. الرابع قراءة الفاتحة. الخامس الركوع. السادس
الطمأنينة فيه. السابع الإعتدال. الثامن الطمأنينة فيه. التاسع السجود مرتين. العاشر
الطمأنينة فيه. الحادي عشر الجلوس بين السجدتين. الثاني عشر الطمأنينة فيه. الثالث
عشر التشهد الأخير. الرابع عشر القعود فيه. الخامس عشر الصلاة على النبي صلى الله
عليه وسلم فيه. السادس عشر السلام. السابع عشر الترتيب.
﴾Fasal﴿ Rukun
sholat eta aya 17:
1.
Niat
2.
Takbirotul ihrom
3.
Ngadeg pikeun anu kawasa dina sholat fardu
4.
Maca Al-Fatihah
5.
Ruku’
6.
Thuma’ninah dina ruku’
7.
I’tidal
8.
Thuma’ninah dina i’tidal
9.
Sujud dua kali
10.
Thuma’ninah dina sujud
11.
Diuk di antara dua sujud
12.
Thuma’ninah dina diuk di antara dua sujud
13.
Tasyahhud akhir
14.
Diuk dina tasyahhud akhir
15.
Maca sholawat ka kanjeng Nabi dina tasyahhud akhir
16.
Aweh salam
17.
Tartib.
(فصل) النية ثلاث درجات: إن كانت الصلاة فرضا وجب قصد الفعل
والتعيين والفرضية. وإن كانت نافلة مؤقتة كراتبة أو ذات سبب وجب قصد الفعل
والتعيين. وإن كانت نافلة مطلقة وجب قصد الفعل فقط. الفعل
أصلي، والتعيين ظهرا أو عصرا، والفرضية فرضا.
﴾Fasal﴿ Niat
aya tilu darajat. Lamun shalat fardu maka wajib neja migawe, nangtukeun, jeung
kafarduan. Lamun shalat sunat anu ngabogaan waktu saperti solat sunat rowatib,
atanapi shalat anu ngabogaan sabab (saperti sholat gerhana) maka wajib neja
migawe jeung nangtukeun. Lamun sholat sunat mutlak maka wajib neja migawe
hungkul. Neja migawe eta “أٌصَلِّي”, nangtukeun eta “ظُهۡرًا” atanapi “عَصۡرًا”, kafarduan eta “فَرۡضًا”.
(فصل) شروط تكبيرة الإحرام ستة عشرة: أن تقع حالة القيام في الفرض،
وأن تكون بالعربية، وأن تكون بلفظ الجلالة، وبلفظ أكبر، والترتيب بين اللفظين،
وألا يمد همزة الجلالة، وعدم مد باء أكبر، ولا يشدد الباء، وألا يزيد واواً ساكنة أو متحركة بين الكلمتين، وألا يزيد
واوا قبل الجلالة، وألا يقف بين كلمتي التكبير وقفة طويلة ولا قصيرة، وأن يسمع نفسه
جميع حروفها، ودخول الوقت في المؤقت، وإيقاعها حال الإستقبال، وألا يخل بحرف من
حروفها، وتأخير تكبيرة المأموم عن تكبيرة الإمام.
﴾Fasal﴿ Syarat takbirotul ihrom aya 16:
1.
dipigawe nalika nangtung dina shalat fardhu,
2.
make bahasa Arab,
3.
make lafazh jalalah “ الله ”,
4.
make lafazh “أكبر ”,
5.
tartib antara dua lafazh eta,
6.
ulah manjangkeun hamzah lafazh jalalah,
7.
teu manjangkeun ba lafazh akbar,
8.
teu nasydidan kana ba lafazh akbar,
9.
ulah nambahan haraf wawu boh sukun atanapi dibarisan di
antara dua kalimah eta,
10. ulah nambahan haraf wawu
sateu acan lafazh jalalah,
11. ulah eureun di antara
dua kalimah takbir eta boh lami atanapi sakedap,
12. sadaya huruf dua lafazh
takbir kudu kadangu ku sorangan,
13. manjing waktu dina
shalat anu ngabogaan waktu,
14. dipigawe nalika madep ka
qiblat,
15. ulah salah maca huruf (sahingga nyababkeun robah makna),
16. takbirotul ihrom makmum
kudu pandeuri tina takbirotul ihromna imam.
(فصل
) شروط الفاتحة عشرة: الترتيب، والموالاة، ومراعاة حروفها، ومراعاة تشديداتها،
وألا يسكت سكتة طويلة ولا قصيرة يقصد بها قطع القراءة، وقراءة كل آياتها ومنها
البسملة، وعدم اللحن المخل بالمعنى، وأن تكون حالة القيام في الفرض، وأن يسمع نفسه
القراءة، وألا يتخللها ذكر أجنبي.
﴾Fasal﴿ Syarat fatihah aya 10:
1.
Tartib
2.
Tuluy-tuluy
3.
Ngaraksa huruf-huruf fatihah
4.
Ngaraksa tasydid-tasydidna
5.
Ulah cicing lami, jeung ulah cicing sakedap bari ngahaja megatkeun bacaan
6.
Maca sadayana ayat fatihah kalebet basmalah
7.
Ulah salah maca sahingga ngaruksak makna
8.
Dibaca dina nalika nangtung dina shalat fardu
9.
Bacaana kedah kakuping ku nyalira
10. Ulah
kaselang ku dzikir deungeun.
(فصل)
تشديدات الفاتحة أربع عشرة: بسم الله فوق اللام،
الرحمن فوق الراء، الرحيم فوق الراء، الحمد لله فوق لام الجلالة، رب العالمين فوق
الباء، الرحمن فوق الراء، الرحين فوق الراء، مالك يوم الدين فوق الدال، إياك نعبد
فوق الياء، وإياك نستعين فوق الياء، اهدنا الصراط المستقيم فوق الصاد، صراط الذين
فوق اللام، أنعمت عليهم غير المغضوب عليهم ولا الضالين فوق الضاد واللام.
﴾Fasal﴿ Tasydid Al-Fatihah aya 14:
1) بسم
الله luhureun lam,
2) الرحمن luhureun ro, 3) الرحيم luhureun ro, 4) الحمد لله luhureun lam lafazh jalalah,
5) رب العالمين luhureun ba, 6) الرحمن luhureun ro, 7) الرحيم luhureun ro, 8) مالك
يوم الدين luhureun
dal, 9) إياك
نعبدluhureun ya, 10) وإياك
نستعينluhureun ya, 11) اهدنا
الصراط المستقيم luhureun shod, 12) صراط الذين luhureun lam, 13-14) أنعمت
عليهم غير المغضوب عليهم ولا الضالين luhureun dhod
jeung lam.
(فصل) يسن رفع اليدين في أربعة مواضع: عند تكبيرة الإحرام، وعند
الركوع، وعند الاعتدال، وعند القيام من التشهد الأول.
﴾Fasal﴿ Disunatkeun ngangkatkeun panangan dina opat
tempat:
1) dina nalika
takbirotul ihrom, 2) dina nalika bade ruku’, 3) dina nalika bade bade i’tidal,
4) dina nalika tatih tina tasyahhud awal.
(فصل) شروط السجود سبعة: أن يسجد على سبعة أعضاء، وأن تكون جبهته
مكشوفة، والتحامل برأسه، وعدم الهوي لغيره،
وألايسجد على شيء يتحرك بحركته، وارتفاع أسافله على أعاليه، والطمأنينة فيه.
﴾Fasal﴿ Syarat-syarat sujud aya tujuh:
1.
Ngaantelkeun tujuh anggota kana pangsujudan
2.
Kudu kabuka tarang
3.
Nekenkeun mastaka
4.
Ulah turun karna tujuan
salian sujud
5.
Ulah sujud luhureun perkara anu nempel kana awak bari milu
usik lamun jalma anu sholat usik.
6.
Bobokong kedah kaangkat leuwih luhur tinimbang mastaka
(خاتمة)
أعضاء السجود سبعة: الجبهة، وبطون الكفين، والركبتان، وبطون أصابع الرجلين.
﴾Khatimah﴿ Anggota sujud aya 7: 1) tarang, 2-3) bagian jero dua dampal panangan, 4-5)
dua tuur, 6-7) bagian jero ramo-ramo dua dampal sampean.
(فصل) تشديدات التشهد إحدى
وعشرون، خمس في أكمله، وستة عشر في أقله. التحيات على التاء والياء،
المباركات الصلوات على الصاد، الطيبات على الطاء والياء، لله على لام الجلالة،
السلام على السين، عليك أيها النبي على الياء والنون والياء، ورحمة الله على لام
الجلالة، وبركاته السلام على السين، علينا وعلى عباد الله على لام الجلالة،
الصالحين على الصاد، أشهد أن لا إله على لام ألف، إلا الله على لام ألف ولام
الجلالة، وأشهد أن على النون، محمدا رسول الله على ميم محمدا وعلى الراء وعلى لام
الجلالة.
﴾Fasal﴿ Tasydid-tasydina tasyahhud aya 21, lima dina shegat pang sampurnana, genep belas dina segat pang
saalitna:
1-2) التحيات luhureun ta jeung ya
3) المباركات
الصلوات luhureun shod
4-5) الطيبات luhureun tho jeung ya
6) لله luhureun lam lafazh jalalah
7) السلام luhureun sin
8-10) عليك
أيها النبي luhureun ya,
nun, jeung ya
11) ورحمة
الله luhureun lam
lafazh jalalah
12) وبركاته
السلام luhureun sin
13) علينا
وعلى عباد الله luhureun lam
lafazh jalalah
14) الصالحين luhureun shod
15) أشهد
أن لا إله luhureun lam alif
16-17) إلا
الله luhureun lam
alif jeung lam lafazh jalalah
18) وأشهد
أن luhureun nun
19-21) محمدا
رسول الله luhureun mim,
ro, jeung lam lafazh jalalah.
(فصل ) تشديدات أقل الصلاة على النبي أربع: اللهم على اللام
والميم، صل على اللام، على محمد على
الميم.
﴾Fasal﴿ Tasydid-tasydina pang saalitna sholawat ka
kanjeng Nabi aya opat:
1-2) اللهم luhureun lam jeung mim, 3) صل luhureun lam, 4) على
محمد luhureun mim.
(فصل)
أقل السلام السلام عليكم. تشديد السلام على السين.
﴾Fasal﴿ Pang saalitna salam eta “السلام
عليكم ” . Tasydidna
salam luhureun sin.
(فصل) أوقات الصلاة خمس: أول وقت الظهر زوال الشمس، وآخره مصير ظل
الشيء مثله غير ظل الاستواء. وأول وقت العصر إذا صار ظل كل شيء مثله وزاد قليلا،
وآخره غروب الشمس. وأول وقت المغرب غروب الشمس، وآخره غروب الشفق الأحمر. وأول وقت
العشاء غروب الشفق الأحمر وآخره طلوع الفجر الصادق، وأول وقت الصبح طلوع الفجر
الصادق آخره طلوع الشمس.
﴾Fasal﴿ Waktu-waktu sholat aya lima:
1.
Mimiti waktu zhuhur eta lingsirna panon poe, akhirna
waktu zhuhur eta dimana-mana ukuran kalangkang nyaruaan kana barangna
ditambahan kalangkang anu aya dina waktu istiwa`.
2.
Mimiti waktu ashar eta dimana-mana kalangkan nyaruaan
ukuran barangna bari ngaleuwihan, akhirna waktu ashar eta surupna panon poe.
3.
Mimiti waktu maghrib eta surupna panon poe, akhirna
leungitna mega beureum.
4.
Mimiti waktu ‘isya eta leungitna mega beureum, akhirna
bijilna fajar shodiq.
5.
Mimiti waktu shubuh eta bijilna fajar shodiq, akhirna
bijilna panon poe.
(فصل ) تحرم الصلاة التي ليس لها سبب متقدم ولا مقارن في خمسة
أوقات: عند طلوع الشمس حتى ترتفع قدر رمح،
وعند الاستواء في غير يوم الجمعة حتى تزول، وعند الاصفرار حتى تغرب وبعد صلاة
الصبح حتى تطلع الشمس، وبعد صلاة العصر حتى تغرب.
﴾Fasal﴿ Haram migawe sholat anu teu ngabogaan
sabab anu miheulaan atawa sabab anu marengan dina lima waktu:
1.
Dina nalika bijil panon poe sahingga munggah ukuran
satumbak
2.
Dina nalika waktu istiwa` salian poe jumat sahingga lingsir
panon poe
3.
Dina nalika konengna langit sahingga surup panon poe
4.
Dina saba’da sholat subuh sahingga bijil panon
poe
5.
Dina saba’da sholat ‘ashar sahingga surup panon poe.
(فصل) سكتات الصلاة ستة: بين تكبيرة الإحرام ودعاء الافتتاح، وبين دعاء
الافتتاح والتعوذ، وبين الفاتحة والتعوذ، وبين آخر الفاتحة وآمين، وبين آمين
والسورة، وبين السورة والركوع.
﴾Fasal﴿ Tempat-tempat jempe (repeh
sakedap saukuran maca subhanallah) dina sholat aya genep:
1.
Antara takbirotul ihrom jeung doa iftitah
2.
Antara doa iftitah jeung ta’awwudz
3.
Antara ta’awwudz jeung al-fatihah
4.
Antara akhir al-fatihah jeung “amin”
5.
Antara “amin” jeung surat
(فصل) الأركان التي تلزم فيها الطمأنينة أربعة: الركوع، والاعتدال،
والسجود، والجلوس بين السجدتين. الطمأنينة هي: سكون بعد حركة بحيث
يستقر كل عضو محله بقدر سبحان الله.
﴾Fasal﴿ Rukun-rukun anu wajib thuma’ninah aya
opat: 1) ruku’, 2) I’tidal, 3) sujud, 4) diuk antara dua sujud. Tuma’ninah teh
nyaeta anteng saba’da usik sakira sakur angota netep di tempatna kalawan ukuran
maca subhanallah.
link download:
