Tuesday, November 2, 2021

Nahwu Praktis ku Basa Sunda; Macem-macem Isim

 

أنواع الاسم

MACEM-MACEM KALIMAT ISIM

 

Mu’rob jeung Mabni (المعرب والمبني)

·      Kalimat isim aya anu mu’rob (bisa robah tungtugna) aya anu mabni (teu bisa robah tungtungna).

·      I’rob (parobahan tungtung kalimat) aya rofa’ (dhommah), nashob (fathah), jar (kasroh), jeung jazm (sukun). Contohna

 لَمْ يَقُمْ زَيْدٌ, مَرَرْتُ بِزَيْدٍ, رَأَيْتُ زَيْدًا, جَاءَ زَيْدٌ

·      Isim mabni (teu bisa robah tungtungna) nyaeta:

1. Isim dhomir (هُوَ), 2. Isim isyaroh (هَذَا), 3. Isim maushul (اَلَّذِي),

Mudzakkar jeung Muannats(المذكر والمؤنث)

·      Kalimat isim aya anu mudzakkar (lalaki) jeung muannats (awewe).

·      Muannats bisa dibedakeun tina maknana contoh: هِنْدٌ, atawa ku ta` marbuthoh  contoh: صلاة, jeung alif ta’nits contoh: حَمْرَاءُ, حُبْلَى . Jama’ teu berakal oge dikategorikeun muannats contoh: أَمْوَال

·      Mudzakkar nyaeta anu maknana lalaki contoh: زيد, atawa teu aya ta` marbuthoh sareng alif ta’nits contoh: مسجد  

Mufrod, Tatsniyah, jeung Jama’

(المفرد والتثنية والجمع)

·      Kalimat isim aya anu mufrod (hiji), tatsniyah (dua), jeung jama’(tilu leuwih)

·      Isim mufrod tungtungna kedah ditanwin kajaba lamun katerapan alif lam, atawa kaasup isim ghoiru munshorif. Contoh: رَمَضَانُ, اَلصَّوْمُ, صَوْمٌ

·      Isim tatsniyah yaeta anu ditambahan alif jeung nun dina i’rob rofa, atawa ya` nun dina i’rob nashob jeung jar. Contoh:  خُطْبَتَيْنِ ,خُطْبَتَانِ

·      Jama’ aya tilu rupa:

1.      Jama’ taksir, nyaeta jama’anu robah tina bentuk mufrodna, contohna: شُرُوطٌ  شَرْط

2.      Jama’mudzakkar salim, nyaeta jama’ anu ditambahan wawu jeung nun dina i’rob rofa’, atawa ya` jeung nun nun dina i’rob nashob jeung jar. Contoh:مُسْتَوْطِنُونَ  مُسْتَوْطِنِينَ ,

3.      Jama’muannats salim, nyaeta jama’  anu ditambahan alif jeung ta`, contoh: رَكَعَاتٍ

Asma`ul Khomsah (الاسماء الخمسة)

·      Asmaul Khomsah teh lima isim anu dirofa’keun ku wawu, dinashobkeun ku alif, dijarkeun ku ya.

·      Lima isim  teh nyaeta: 1. أَبُوكَ (bapa anjeun), 2. أَخُوكَ (dulur lalaki anjeun), 3. حَمُوكَ (saderek suami anjeun), 4. فُوكَ (cangkem anjeun), 5. ذُو مَالٍ (jalma nu ngabogaan harta).

Isim Isyaroh (اسم الإشارة)

·      Isim isyaroh (kata penunjuk) teh: 1.  هذَا(ieu mudzakkar), 2.  هذِهِ(ieu muannats), 3.   ذلِكَ(eta mudzakkar), 4.  تِلْكَ(eta muannats).

·      Isim isyaroh ngabutuhkeun kana musyar ilaih (lafazh nu ditunjukeuna) anu akur dina mudzakkar/ muannatsna.

·      Lamun saba’da isim isyaroh aya isim anu katerapan alif lam maka eta musyar ilaihna, lamun teu aya maka musyar ilaihna lafazh anu pantes sateuacana. Contoh:

هَذَا الرُّكْنُ

بِظَنِّ دُخُولِ رَمَضَانَ بِالْإِجْتِهَادِ فِيمَنِ اشْتَبَهَ عَلَيْهِ ذَلِكَ

هَذِهِ الصَّلَاةِ

تِلْكَ الْمُسْلِمَةُ

Dhomir (ضمير)

·      Dhomir teh nyaeta kata ganti, tegesna isim anu nuduhkeun kana ma’na jalma anu nyarita (مُتَكَلِّم), anu diajak nyarita(مُخَاطَب), jeung jalma/ benda anu dicaritakeun (غَائِب).

·      Dhomir kabagi dua: 1.مُنْفَصِل   (papisah), 2. مُتَّصِل (nyambung)

·      Rincianana tingali tabel ieu:

 

 

No.

Dhomir Muttashil

Dhomir Munfashil

Logat

1

ضَرَبَهُ

هُوَ

Manehna lalaki sorangan

2

ضَرَبَهُمَا

هُمَا

Manehna lalaki duaan

3

ضَرَبَهُمْ

هُمْ

Manehna lalaki lobaan

4

ضَرَبَهَا

هِيَ

Manehna awewe sorangan

5

ضَرَبَهُمَا

هُمَا

Manehna awewe duaan

6

ضَرَبَهُنَّ

هُنَّ

Manehna awewe lobaan

7

ضَرَبَكَ

أَنْتَ

Anjeun lalaki sorangan

8

ضَرَبَكُمَا

أَنْتُمَا

Anjeun lalaki duaan

9

ضَرَبَكُمْ

أَنْتُمْ

Anjeun lalaki lobaan

10

ضَرَبَكِ

أَنْتِ

Anjeun awewe sorangan

11

ضَرَبَكُمَا

أَنْتُمَا

Anjeun awewe duaan

12

ضَرَبَكُنَّ

أَنْتُنَّ

Anjeun awewe lobaan

13

ضَرَبَنِي

أَنَا

Kuring

14

ضَرَبَنَا

نَحْنُ

Urang sadaya

·      Dhomir  ـهُنَّ , ـهُمْ , ـهُمَا, ـهُlamun sateuacana harokat kasroh, atawa huruf ya`sukun maka ha`na dikasrohkeun. Contoh:

 عَلَيْهِ , بِهِنَّ , بِهِمْ , بِهِمَا, بِهِ 

·      Dhomir  ـنِيlamun nyambung kana kalimat huruf jeung kalimat isim maka nun na dibuang. Contoh: صَلَاتِي, بِي

·      Dhomir Ghoib/ Ghoibah (Manehna, no. 1-6) butuh marji` (tempat balik) anu akur dina mufrod/ tatsniyah/ jama’na jeung muannats/ mudzakkarna. Contoh:

الْمُسْلِمُ رَأَيْتُهُ, الْمُسْلِمَانِ رَأَيْتُهُمَا, الْمُسْلِمُونَ رَأَيْتُهُمْ, الْمُسْلِمَةُ رَأَيْتُهَا, الْمُسْلِمَتَانِ رَأَيْتُهُمَا, الْمُسْلِمَاتُ رَأَيْتُهُنَّ

Murokkab ‘Adadi (المركب العد دي)

·      Murokkab ‘Adadi teh  gabungan dua angka ti 11 dugi ka 19:

أَحَدَ عَشَرَ, اِثْنَا عَشَرَ, ثَلَاثَةَ عَشَرَ, أَرْبَعَة عَشَرَ, خَمْسَةَ عَشَرَ, سِتَّةَ عَشَرَ,

سَبْعَةَ عَشَرَ, ثَمَانِيَةَ عَشَرَ, تِسْعَةَ عَشَرَ

اَلْحَادِي عَشَرَ, الثَّانِي عَشَرَ, الثَّالِثَ عَشَرَ, الرَّابِعَ عَشَرَ, الْخَامِسَ عَشَرَ, السَّادِسَ عَشَرَ, السَّابِعَ عَشَرَ, الثَّامِنَ عَشَرَ, التَّاسِعَ عَشَرَ

·      Hukum Murokkab ‘Adadi naha angka nu kahiji atawa nu kadua mabni fathah, kajaba lafazh اِثْنَا عَشَرَ tah eta mah angka nu kahijina mu’rob sakumaha I’robna isim tatsniyah, jeung lafazh اَلْحَادِيْ عَشَرَ, الثَّانِيْ عَشَرَ eta mah angka nu kahijina mabni sukun.

 

Mudhof jeung Mudhof ilaih

(المضاف والمضاف اليه)

·      Mudhof teh kalimat anu kahiji tina gabungan dua kalimat, sedengkeun mudhof ilaih teh kalimat anu kadua. Contoh:رَسُــــــــــــــــــــــــــــــــولُ    اللهِ       

            مضاف    مضاف اليه

·      Mudhof ilaih teh hukum i’robna jar.

·      Tina mudhof kudu dilengitkeun tanwin, atawa nun tina isim tatsniah jeung jama’mudakkar salim. Contoh:

 يَوْمُ ثَلَاثِي شَعْبَانَ ,اِلْتِقَاءُ بَشَرَتَيْ رَجُلٍ وَامْرَأَةٍ ,اِيتَاءُ الزَّكَاةِ

·      Mudhof + mudhof ilaih bisa kasusun tina Isim nakiroh (teu make alif lam) + isim ma’rifat (make alif lam), sapertos contoh-contoh anu kalangkung, atawa bilangan ti 3-10 jeung nu dibilangna, contoh: أَرْبَعَةُ أَيَّامٍ

·      Seueur mudhof + mudhof ilaih anu langkung tina dua kalimat, tah eta hukum i’rob kalimat anu kadua saterasna jar. Contoh:  مَالِكِ يَوْمِ الدِّينِ

Isim Ghoiru Munshorif

( / اسم غير منصرفIsim nu Teu Narima Tanwin)

Isim ghoiru munsorif aya sababaraha bentuk, diantarana:

1.      Shighah  muntahal jumu’, nyaeta jama’ taksir anu anut kana wazan مَفَاعِلُ jeung مَفَاعِيلُ atawa sarupana, contoh: أَشْيَاءُ, مَصَابِيحُ, مَوَاضِعُ

2.      Isim anu akhirna alif ta’nits, contoh: أُنْثَى, حَمْرَاءُ

 

3.      Ngaran atawa kata sifat anu ditambahan alif nun, contoh:

 عَطْشَانُ ,رَمَضَانُ  

4.      Ngaran atawa kata sifat anu anut kana wazan fiíl " أَفْعَلَ " , contoh:أَحْمَدُ, اَصْغَرُ, آخَرُ.

5.      Ngaran muannats, contoh:فَاطِمَةُ, زَيْنَبُ

6.      Ngaran ‘ajam (non arab), contoh:اِبْرَاهِيمُ, يُونُسُ  

Isim Maushul (الموصول)

·      Isim maushul teh:

1.       الَّذِي(jalma/ perkara mudzakkar)

2.       الَّتِي(jalma/ perkara mudzakkar)

3.       مَنْ(jalma mudzakkar/ muannats)

4.       مَا(perkara mudzakkar/ muannats)

·      Isim maushul butuh kana shilah (صلة) jeung ‘aid (عائد)

·      Shilah teh lafazh saatosna isim maushul anu rupa fiil-fail, logatna anu rumusna (ص)

·      ‘Aid teh dhomir dina shilah anu balik kana isim maushul. Contohna:

الذي يطهر

لمن يغسل

التي لها لون

عما يمنع

Isim Manqush jeung Isim Maqshur (المنقوص والمقصور)

·      Isim manqush nyaeta isim mu’rob anu huruf akhirna teh ya` jeung harokat sateuacana kasroh, contohna:  الثَّانِي ,الْقَاضِي

·      Isim maqshur nyaeta isim mu’rob anu akhira teh alif, contohna:

أُنْثَى ,مَعْنًى, فَتًى

·      I’robna isim manqush jeung maqshur sadayana dikira-kirakeun, kajaba nashobna isim manqush. Contoh:

جَاءَ الْقَاضِي, رَأَيْتُ الْقَاضِيَ,

 مَرَرْتُ بِالْقَاضِي

جَاءَ الْفَتَى, رَأَيْتُ الْفَتَى, مَرَرْتُ بِالْفَتَى

·      Isim manqush lamun teu katerapan alim lam huruf ya`na dibuang, contoh:

 ثَمَانٍ, ثَانٍ, قَاضٍ

 

No comments:

Post a Comment

BHS PREMIUM TERBARU BUKAN SUTERA SPUNSILK APAKAH SENYAMAN BHS LAWAS?

SARUNG BHS KENAPA BERUBAH TIDAK MENGGUNAKAN SUTERA SPUNSILK   Pada postingan ini saya menyampaikan kesan saya saat menggunakan sarung BHS de...